Kang Ono, ulah nyebat "pun bojona" atuh... Ari "pun bojo" teh hartosna "pamajikan kuring" tapi ari "bojona" mah pamajikan batur, tapi sakadang "batur" di dieu teh masih raket jeung "kuring", kaasup "anak sorangan" (ari ka nu lian mah disebut "pamajikanana" atanapi "istrina" bae, sanes "bojona"...)

AJ

Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oh..ari kitu mah teu leres atuh alias ngabohong eta nu ngawayuh teh, nyebatkeun ikhlas, tapi naha dugikeun ka teu waras eta pun bojona. Atanapi tadina ikhlas, kadituna teu kiateun nandangannana.........manawi..!
 
Aduh eta kiatan nya rakana aki Neng atanapi Teh Maria Astati, anom keneh dikantunkeun ku bojona ? Mun anom keneh teh, kumaha eta kabutuhan biologisna..?
 
Eta saderek misanna meni 25 putrana, tisabaraha bojo eta teh ?
 
Nya lamun tos usaha kaditu kadieu hayoh wae teu gaduh putra mah, panginten antukna mah ngukut anak.
 
Ngan numutkeun Islam mah eta murangkalih kukut teh kedah tetep diwanohkeun ka ibu ramana (silaturahmi teu kengig pegat), komo murangkalih istri mah pan kedah diwalian ku ramana. Da biasana mah lamun nyandak murangkalih kukut sok ngangge segel, teras teu diwanohkeun ka ibu ramana na (bisi tos ageung uih deui, rugel tah..!)
 
aeh jadi kaditu kadieu....!
Hampura..!
 
Emod
Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Haturan kang Emod,
 
Rupinamah maksad pun aki (aki ti gigir) teu waras teh sanes maksadna ka kakandungan (pabinihan), tapi ku panyawat kajiwaan kulantaran tekenan ti carogena, bakating pun aki teh keuheul ka pameget nu hoyong ngawayuh, komo bari nyariosna da istri kahijina ikhlas ceunah.., anjeunamah teu percanten aya istri nu ikhlas di wayuh, sanaos teu tiasa masihan murangkalih oge, da rakana pun aki oge aya nu teu gaduh murangkalih, tapi dugi ka pupusna awet we.., teu nikah deui, karunyaeun ka istrina, teu tegaeun, teras akhirna ngukut murangkalih ti saderek misanna nu ngawayuh.., da seueur teuing murangkalihna aya 25, teu ka urus meureunan. Tiasa oge mandul teh pan sanes ti pihak istri (sanaos biasana istri), pami enya teh.., hayoh we meureun nikah deui nikah deui.., tapi tetep teu tiasa gaduh murangkalih keneh, kumaha tah???..., lieur we meureun nu aya...he..he.he.., kumaha pami ngadopsi wae tibatan nikah deui?? komo ayeunamah mani pabalatak pisan murangkalih uruskeuneun, kirang gizi, teu tiasa sakola, orok nu dipiceun ku sepuhna jrrd...
 
Baktos,
Maria
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, May 02, 2006 1:16 AM
Subject: [Norton AntiSpam] Balasan:[Urang Sunda] Nyandung massal euy!

Sok sanajan ganjaranana surga keur awewe anu ikhlas dicandung, tapi tetep we dina hate awewe mah lolobana embungeun dicandung. Jadi masih aya saeutik awewe anu iklas dicandung ngahareupkeun surga.
 
Ke...ke...ke.. nu dimaksud Neng Maria, awewe anu teu normal atawa kirang waras teh, kirang waras kandungannana (pabinihan) meureun nya, sanes kirang waras nu sanesna....?
 
Sabab aya awewe anu ikhlas dicandung kulantaran teu bisa mere katurunan alias mandul...! Pan salah sahiji tujuan lakirabi teh boga katurunan...!
 
Emod




 
 
CapRock Communications
[EMAIL PROTECTED]
www.caprock.com

Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!


Get amazing travel prices for air and hotel in one click on Yahoo! FareChase

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to