Innalillahi...
Mugia kang Ato, sing enggal dipaparin kasehatan sakumaha sabihara biharina...
On 5/9/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]
> wrote:
Assalamu'alaikum wr.wb.,
Wilujeng enjing baraya sadayana....
Wengi tadi jam 23:00 langung lah meureun ......asana mah.....
Hp kuring disada.......pas diangkat geningan kang Badruddin...
mantan Juragan Kadu ti Betara nu ayeuna di jakarta(disangkana masih ngalong panginten, da' hoby)......cenah anjeuna oge tos nampi telpon ti teh Tien (si Indung Peuting)caritana mah kieu cenah.....(kuring oge ceuk kang Badruddin, kang Badru ti teh Tien)...
Kamari teh Tien di telpon ku kang Ato(Ato Riyanto) disuhunkeun tulung kudu buru2 ka kost2an nana....(da' kang Ato teh nuju dines
di surabaya cenah, kaleresan teh Tien anu milariankeun tempat tinggalna oge)ari kasampak di kost2an na teh
eta kang Ato teh nuju pingsan, atuh teh Tien sareng carogena teh langsung weh rikat ngajajapkeun ka Rumahsakit.
(duka RS na teh teu apal deuihteu ditaroskeun oge), tapi pas di RS teh dokter nyarankeun langsung kedah puasa cenah ayeuna keneh, besok langsung kedah Operasi....(pami teu lepat mah panyawatna teh usus buntu)...tapi nu janten masalahna teh cenah kang Ato teh
dugi ka ayeuna alim dioperasi di Surabaya teh....kahoyongna keukeuh hoyong diBandung,....padahal ku teh Tien oge carogena tos
satekah polah dirayu di osol panginten...da' puguh ari saleresna mah panyawat mah kedah di heulakeun nya, najan aya dimana-dimana ge...padahal surabaya mah teu kirang sae deuih kan ti RS2 anu aya di Bandung oge....
tah panginten ayeuna teh kapaksa caroge teh Tien....nu bade nganteurkeun ka bandung teh...tapi deuih cenah penerbangan ka Bandung teh...teu aya nu enjing2....aya oge jam 8 wengi kitu?....rencana mah bade di candak ka RS. Boromeus? langsung panginten...
Mudah2an teu aya halangan nanaon, Mugia kang Ato sing tiasa sehat deui sapertos sabihara bihari deui....oge operasi oge perjalanana dilancarkeun...Amin..Ya Robbal alamin.....
ditaroskeun oge ku kang Badru teh cenah tos diwartosan kulawargana? cenah mah atos....
mung panginten teh tien teh nyuhunkeun Du'ana wae ka sadayana wargi KUSnet sadayana kango kasehatan sareng kalancaran
sadayana....kumargi teh Tien nuju teu tiasa ka Internet, da' dibumina nuju reksak koneksina kana internet na cenah...
sakitu panginten anu bade diuningakeun ka baraya, hapunten bilih aya nu kirang(teu dugikeun).....dina cariosan teh Tien sareng kang Badruddin......
Salam,
-Toni Sofian-
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

