pupuh. Waktos jaman kuring sakola di SMP wae, te u aya
palajaran tembang pupuh, mung diajar
patokan-patokanana, sabaraha baris, naon kecap
pangahirna, ssjb(sareng sajabana).
Komo deui sakola jaman ayeuna, tos pasti teu aya
kurikulum tembang pupuh. Janten teu aya jujutanana
antara pangajaran sakola sareng ngayakeun pasanggiri
tembang pupuh.
Ku ayana syarat tembang pupuh teh, jadi hiji seleksi
(alam), teu sadaya barudak tiasa ngiring acara
pasanggiri ieu. Sigana panicia, bade milarian bakat
barudak (usia sakola SD/SMP/SMA) anu tiasa nembang
pupuh.Perkara kamampuan nembang pupuhna naha diajar di
sakola atanapi guguru sacara informal ka ahlina, teu
jadi halangan. Nu penting, ngamasyarakatkeun deui
atawa micinta(mikacinta?) kana tembang pupuh.
Contona, pupuh "budak leutik bisa ngapuuunnnggg,
babakuna ngapungna peuting" tos tara kapireng deui
dihaleuangkeun ku barudak atawa ku kolot jaman ayeuna.
Anu sering kapireng teh "kita berteman saja, berteman
tapi mesraaaaaaaaaaaaaaaaaaa".
baktos,
mrachmatrawyani
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
> Seja mairan perkara pasanggiri. Upama teu kaliru,
> majar pasanggiri nembang pupuh nya? Rumasa kurang
> info, seja tumaros, ari pupuh teh masih keneh
> diajarkeun di SD/SMP/SMA kitu? Bilih bisi ieu mah,
> upama tea mah tos teu aya dikieuna dina kurikulum
> sakola, boa-boa nu baris ngiringan pasanggirina oge
> teu aya. Ku kituna, hade upama dicek heula kurikulum
> pangajaran basa Sunda di sakola. Pikeun alternatif
> ieu mah, atawa tambahan, tiasa wae misalna
> pasanggiri maca carpon, nulis surat ku basa Sunda
> (tangtukeun we temana). Atawa Piraku ari maca jeung
> nulis mah sugan, pastina oge pesertana baris moal
> kurang.
> (mh)
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

