Bagea kang Ikmals, Teh Ani mugia putrana sing janten murangkalih anu shaleh atuh teh Anina sing enggal sehat. Amin.
 
Baktos,
WAG


ikmals <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bagea Baraya sadaya....
 
Abdi sakulawargi ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu tos ngadorong ku du'a sareng motivasi, terutamina teh Netty, kang Ndoell miwah garwana, anu teu kendat-kendat masihan dukungan moril dina saminggon abdi sareng pun bojo  raraga ngabageakeun si utun....
 
 ngadongeng sakedik :
 
ti mimiti ping 4,5 Mei sim kuring ngajukeun cutiw, maksudna mah rek ngajieun KTP pedah kadaluarsa ti bulan maret mula, jeung deuih di Jakarta keur usum operasi Yustisia, Beu......
 
karek ge nepi Sukabumi, geus di telepon si Neng ti subang, Yeun mules na tos karasa terus-terusan, atuh biur wae ka Subang, bedo nyieun KTP di Sukabumi teh.....
 
ti kemis nepi ka minggu di subang nungguan si utun kaluar, can di parengkeun kaluar, nya bebeja wae deui, rek mulang ka Jakarta sababna aya hancaan jeung masalah di kantor nu can di rengsekeun...biur ba'da maghrib mulang ka Jakarta, nepi ka jakarta jam 10 peuting, karek ge rek reup sare, kring....... hapew disada deui, ngiberan yeun si neng geus bukaan hiji....diilikan jam geninga wanci janari leutik satengah dua peuting.....beu..........
 
isuk-isuk sateuacana Subang, neleponan heula atasan jeung babaturan kantor, cuek basa keren na mah koordinasi tea meureun, sangkan salila di tinggalkeun lancar, jadi moal aya nu mindeng neleponan dina raraga urusan kantor.....meureun!!!
 
Anjog di subang pas dur bedug lohor poe senen.... kasampak si neng keur ngagoler ngararasakeun kusialna mules beuteung.....ba'da magrib, kandungan dipariksa deui, masih keneh bukaan hiji, bidan nyerah, ngarujuk ka rumah bersalin, nepi rumah bersalin di pariksa, si Neng di rujuk Ka RS PTP NUsantara VIII Subang, nepi ka RS di tarima di UGD jam 8 peuting, langsung di asupkeun ka ruang bersalin, di Induksi make balon, jam 12 langsung bukaan lima.....
 
Janari di pariksa geus bukaan genep, hate bungangang, arek jadi bapa...subuh di pariksa deui ku suster, beu....geningan cenah jadi bukaan 4,5, aneh......!!!
 
ngan nyaeta nanya ka perawat didinya teh, asa cape hate, ku jawabananan jeung pasemon na, mani ketus tur judes, edaassss....lamun teu  butuh rek di talapungan suster teh!!!
 
hate, pipikiran jeung tingkah geus karasa teu pararuguh, inggis ku bisi rempan ku sugan....
 
da teu puguh cabak tea, menta bantuan jeung nanya paramedis, jawaban nana teh lain matak nentremkeun malahan mah matak nepsong, ngan di sabar sabar we.....malahan maranehna malik komplen, cenah: kulawarga bapa sing boga adat atuh, lain ngaririweuh, da eta mah geus biasa mun nu rek lahir mah kitu, beu.....(ngan bisa ngusap hate we jeung neger-neger maneh, sangkan tong esmosi!!!)
 
jam 11, poe salasa, pucunghul karek jebul dokter, terus mariksa si neng, di putuskeun rek di rangsang sangkan mules make infusan.........nepi ka jam tilu, mulesna mingkin ngajadi, tapi bukaan tetep karek nepi paling undak ge ka bukaan genep.....jam 5 sare, ketuban pecah, si neng mingkin sutress, sieun kuma onam si jabang bayina....
 
kuring langsung ngahubungi bag admin, sangkan langsung wae di ayakeun tindakan operasi caesar, karunya ka indungna budak, geus ampir saminggu teu bisa sare, ngararasakeun kasakit kusialna beuteung!!
 
jam salapana peuting asup ruang operasi, jam salapan leuwih 40 menit, si jabang bayi kaluar, satutas di beresihan, langsung bae di adzanana jeung di qomatan...Alhamdulillah sehat tur normal, malah jam sabelas geus dianteukeun ka kamar dideukeutkeun jeung indungna.....
 
geus kabeh salamet jeung sehat, reug reug hate, tinggal lungse jeung cape!! jeun teuing.....nu penting mah kabeh salamet, jam 2 janari, biur ka jakarta, muru pagawean, sieun minggkin loba masalah da geus ditinggalkeun saminggu, da kamari ge keur ditinggalkeun teh loba hanca!!
 
ayeuna geus di pagawean, teu puguh cabak, masih keneh bangreung, reuwas karereuhnakeun.....geningan kieu rasana boga budak munggaran, karek ge dua poe teu sare geus teu pararuguh, komo iyeu meureun jikun kuring nu ampir saminggu teu sare bari ngaarasakeun kanyeri, muji ka jikun teh, nu lia mah jejeritan jeung humaruung ngararasakeun kanyeri teh, iyeu ngan ukur leungeun tipepereket, paling banter ngan ukur nagberebey cipanon!!  gening kieu ari rek jadi indung teh, pantesan Nabi misaur yeun urang kudu mihirmt ka indung teh dugi ka tilu kalina, kakarak di walon ka opatna kudu mihormat teh ka bapa!!
 
tah ayeuna, tos lubar jeung rengse, tinggal bagjana....
ayeuna sim kuirng jeung jikun meunang amanah kudu ngaping ngajaring si utun sangkan mulus rahayu berkah salamet, di dunya tug dugi ka aherat, abdi sakulawargi neda pidu'ana snagakn tiasa ngajaga sareng ngaping amanah anu tos dipasihkeun ku Gusti Allah ka kulawarga abdi. jeung jang si utun neda pidu'ana mugya sing soleh, cageur, bageur, bener jeung pinter tur juuh rezekina, amiin...
 
ningga kana pingaeraneun budak, tos aya nyaeta Muhammad Syaoqy ...... tah ari kaharang mah aya tambahan ngaran anu ka tiluna, ngan kuring jeung indungna budak can aya anu sapagodos, dsugana tuh aya baraya anu ha'at, masihan bongbolongan pingaraneun budak, anu loyog payus jeung nyunda jeung tong ngaran pasaran teuing nya!!!!, pan ngaran teh slaah sahiji du'an kolot jang budak na lin??
 
aya anu tiasa sumbang saran, lamun aya nu alus(kecap jeung hartina) ku sim kuring rek di imbalan, yeun ngaran eta rek di pake...he he he...
 
hatur nuhun,
anu nuju kagunturan madu jeung kapurulukan menyan putih,
 
 
ikmal sakulawarga
 
 
2006/5/10, totong usman <[EMAIL PROTECTED]>:
Simkuring mah piduana wae, sing sehat, sholeh, tur dibarengkeun jeung
rizkina

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsunda@yahoogroups.com] On
Behalf Of ndoell
Sent: Wednesday, May 10, 2006 8:39 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Kang Ikmal jadi Bapa euy...

Alhamdulillah,
Parantos lahir kalayan salamet, putrana
Kang Ikmal & Teh Ani, tadi wengi tabuh
09.40, pameget, kasep jiga bapana, panjang 46cm,
beuratna 2.7Kg, kalayan ngalangkungan operasi
Caesar.

Mugi-mugi sing sehat, sing janten jalmi nu soleh.
Teh Ani-na mugia enggal sehat deui.
Amiiiiin

Kanggo Kang Ikmal,
Wilujeng jadi Bapa..
tong hilap meser Mie sakardus nu eusi 40 siki,
dituang hiji tiap dinten, keur pangeling-eling.
Salami eta Mie aya keneh,  nya wayahna....
heu...heu...



-dul-







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get to your groups with one click. Know instantly when new email arrives
http://us.click.yahoo.com/.7bhrC/MGxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/





Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke