|
Kang
abdi ngadukung surat eta di posting di ieu milis Baktos Nana Kurnia -----Original Message----- Baraya, Ayeuna keur aya fenomena
anu lumaya ngagenjleungkeun dunya, sakurang-kurangna dunya rengrengan para
wartawan + politikus: surat ti Presiden Iran ka Presiden Amerika. Eusi surat
teh keur kuring mah kacida matak keunana kana mamaras (BI: menyentuh).Kalayan
dirojong ku bukti-bukti anu ngan ukur jelema gelo anu moal narima kana eta
bukti-bukti, asana eta surat teh baris mawa pangaruh ka loba jelama di beulahan
mana wae di ieu dunya. Ari ceuk kuring mah puguh eta pisan tujuan Presiden Iran
ngirimkeun eta surat ka Bush teh. Da geus kajudi - kajaba upama Alloh maparinan
pitiduh ka Bush sakumaha do'a anu ngirimna dina akhir suratna - sigana Bush mah
moal sadara ku ayana eta surat teh. Tapi, minimal geus usaha, sakumaha Kanjeng
Nabi saw, memeh der perang teh diusahakeun heula aya babadamian pikeun akur. Anu bade ditaroskeun di
dieu: "Si kuring boga terjemahan eta surat dina basa Indonesia, naha
kira-kira katarima ku sadayana upama eta surat diposting di milist ieu?"
Sae kacida geura, kumaha hiji presiden di hiji nagara mesek masalah global dina
ruang sajarah jeung waktu bari terus diotretkeun dina hiji surat anu ditujukeun
pikeun....polisi dunya. Jero surat oge aya ramalan-ramalan (sacara
"tersirat) ngeunaan kaayaan akhir sajarah di dunya ieu. baktos, manAR
|
- RE: [Urang Sunda] Surat Presiden Iran ka Presiden G.W Bu... Nana Kurnia
- Re: [Urang Sunda] Surat Presiden Iran ka Presiden G... Reddy Aprianto
- RE: [Urang Sunda] Surat Presiden Iran ka Presiden G... Nia Sri Winiarsih
- Re: [Urang Sunda] Surat Presiden Iran ka Presiden G... oman abdurahman

