ha!? he he he he... aya ku aya! wae nya...
 
ngan nu jadi ganjelan si kuring mah ari kang mahmoud teh urang arab sanes nya? bisi urang parsi wee...
si kuring mah muji ka si akang hiji ieu. resep ku basajanna, ningali kamari basa di sambut ku pajabat indonesia asa jauh berbeza. padahal mun ningali gdp per kapitana dua kali lipet indonesia.
 
sakitu we ah,
 
dh

 
On 5/11/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sigana lamun enya, sekeseler na teh nyambung ka rakana Sunan Gunungjati ti isterina, Sarifah Madaim tea. Anapon ieu Sarifah Madaim teh puteri Prabu Siliwangi (tuh, pan urang Sunda mah kadinya deui, kadinya deui nyambungna). Eta teh abad ka 16 M mun teu salah mah, atawa katompernakeun abad ka 15 M ngawitanana (pernikahan Syarifah Madaim ka Mufti Mesir. Anapon mufti mesir ieu eta tunggal katurunan Rosululloh keneh).
 
Ceuk beja, waktu Kean Santang munggah haji bareng adina, Syarifah Madaim (atawa samemeh ka Mekkah, namina: Rara Santang), tepang sareng eta mufti anu kataji ku Rara Santang. Ieu puteri Siliwangi teh ngajukeun syarat waktu anjeunna dilamar ku eta Mufti. Syaratna: katurunanana menta dido'akeun sing jadi wali atawa raja-raja (pamimpin nagara) ka hareup. Eta syarat teh ditedunan ku sang Mufti.
 
Saterasna, saba'da ditikahkeun, ti mufti Mesir teh Syarifah Madaim kagungan dua putera. Anu hiji nya Sunan Gunungjati tea, anu hiji deui, rakana teu kasebat-sebat namina bubuhan teu ngiring ka Indonesia. Anu rakana ieu salamina dumuk di timur tengah. Ceuk beja, nya ieu rakana Sunan Gunungjati anu nurunkeun raja-raja di timur tengah, kaasup Hafidz Assad presiden Suriah ti heula oge Raja Hasan, Presiden Maroko.
 
Cag heula....can tangtu bener ieu silsilah nerus ka Presiden Iran ayeuna. Urang antosan heula carita saterasna ti Kang Rachmat.
 
baktos,
manAR

 
On 5/11/06, MRachmat Rawyani < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tadi enjing Presiden Iran nganjang ka Kampus UI Depok.
Ceuk rektor UI sabada mancakaki, geuning Presiden Iran
teh urang Sunda, katingali tina ngaranna. Kusabab tos
lami mukim di Iran jadi robah namina.
Nami anu saleresna mah nyaeta Mahmud Ahmadireja, tapi
dina basa Parsi na teh jadi Mahmoud Ahmadinejad.
(dongeng lengkepna mah engke we, pami aya waktos
rineh).


baktos,

mrachmatrawyani





--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke