Punten dikirim-ulang, pabeulit e-kelek jeung e-pepeg.

salam,
mh

==========

SUNDA SUNDEK
Diserat ku Ajip Rosidi
Di-online-keun ping 02 May 2006
 
Dina buku Bab Adat-adat Urang Priangan jeung Sunda lianna ti Eta (1913), H. Hasan Mustapa aya nyebutkeun yen salah sahiji harti Sunda teh, sundek. Heureut. Henteu jembar. Digambarkeun ku Tatar Sunda anu henteu sabaraha legana. Ti wates Kaler Laut Jawa jeung wates Kidul Laut Hindia henteu sabaraha jauhna. Ti Kulon Banten, Ujungkulon, ti wetan tanah Kajawan. Tapi salian ti eta teh ngagambarkeun alam pikiran urang Sunda deuih, anu henteu jembar. Katerangna sundek, henteu boga pikiran panjang, da ceuk paribasana ari jadi jelema kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan. Kecap sunda ge boga harti suda, hartina kurang. Hatena lembek, tara boga pikiran anu langka kaalaman, tara mikiran anu jarauh, anu henteu lumrah. Karesepna babakti ka menak nu mere kahirupan sanajan sering nyarekan.

Éta teh nurutkeun jalma anu dianggap bujangga Sunda anu pangbadagna. Henteu matak ngeunah kadengena jeung karasana ku urang Sunda kiwari anu nganggap urang Sunda teh luhung elmuna jeung jembar pangabisana, tapi resep ngelehan jeung sok ngaheulakeun batur (nu matak dina rengrengan pamingpin Indonesia kiwari di unggal widang langka urang Sunda).

Tapi asa taya gorengna lamun urang narima pamanggih H. Hasan Mustapa anu henteu matak ngeunah kana hate tea, dina raraga nilik diri neangan jawaban naon sababna di lingkungan nasional Indonesia, urang Sunda anu jumlahna kadua sabada Jawa henteu jadi nomer dua dina sagala lapangan. Éleh ku seler sejen anu jumlahna leuwih saeutik kayaning Batak jeung Minangkabau.

Éta teh kanyataan anu henteu bisa dipeungpeunan ku ngabobodo maneh yen sipat urang Sunda mah resep ngelehan jeung sok ngaheulakeun batur. Atawa ngimpi yen karuhun Sunda teh sakti manggulang-mangguling da ayeuna oge masih nalingakeun putra-putuna bisi katarajang musibah. Urang kudu wani nyanghareupan realitas anu nyata. Nyaeta yen urang Sunda henteu nembongkeun prestasi anu pikareueuseun meh dina sagala widang kahirupan di lingkungan Indonesia. Ulah ngimpi yen dina jero sapuluh taun atawa salawe taun deui Jawa Barat baris jadi provinsi pangmajuna di sakuliah Indonesia, sabab realitas anu nyampak henteu ngarojong kana baris laksanana eta impian. Lain hartina urang ulah boga kahayang anu ambisius. Malah kudu boga ambisi teh, tapi dina ngudagna urang ulah leupas tina realitas. Malah dina ngatur strategi pikeun ngahontalna urang kudu dumasar kana realitas anu aya.

Kahiji urang kudu sadar, yen nasib urang Sunda teh dumasar kana usaha jeung prestasi urang Sunda anu aya ayeuna. Ulah ngarep-ngarep baris ditulungan ku karuhun, boh Prabu Siliwangi boh nu lianna. Ngan lamun urang Sunda kiwari bisa nembongkeun prestasi anu nyongcolang dina sagala widang kahirupan, urang Sunda baris miboga kalungguhan anu dipihormat ku nu lian. Lamun henteu mah, urang Sunda baris jadi kekesed nu lian dalah di lembur urang Sunda sorangan. Kaayaan kitu ayeuna oge apan geus kagambarkeun. Ulah pon dina widang lian-lianna, jadi PKL bae urang Sunda geus kaelehkeun ku seler sejen di Bandung jeung kota Jawa Barat lianna.

Kadua, kudu aya kareueus jadi urang Sunda. Lain kareueus dumeh turunan Prabu Siliwangi atawa Prabu Borosngora, tapi reueus ku sabab ditakdirkeun ku Allah SWT lahir di lembur anu subur-endah, jadi ahliwaris budaya anu kiwari kaancam musnah tapi masih aya sesana anu ngagambarkeun kaendahan jeung kaluhunganana. Reueus jadi urang Sunda kudu dibarung ku kawani ngabela lemahcai keur kapentingan sakumna urang Sunda, ulah ngan keur kapentingan sorangan atawa golongan sorangan bae. Reueus narima warisan budaya, kaasup basa Sunda, anu lain bae kudu dimumule tapi kudu dimekarkeun dina lingkungan budaya Indonesia.

Katilu, kudu nembongkeun yen Sunda teh henteu sundek, tapi jembar. Henteu ngagulkeun bae kaagungan jeung kahebatan karuhun (anu henteu dibuktikeun sacara sajarah), tapi sadar yen hirup dina jaman kiwari kudu narima ayana seler, ayana bangsa, ayana lingkungan anu rea bedana jeung sorangan. Dina ngawujudkeun kahirupan anu gemah ripah panyileukan sarerea, lain ngahudangkeun deui karajaan Pajajaran atawa karajaan Sunda anu geus carem, cara urang oge nolak lamun aya seler sejen anu rek ngahudangkeun deui karajaan Majapahit, karajaan Sriwijaya atawa kasultanan Mataram atawa anu lianna. Nu ku urang rek dibangun mah nagara Republik Indonesia anu demokratis. Konsep karajaan atawa kasultanan baheula anu mana bae henteu bisa dijadikeun dadasar nagara Republik Indonesia anu ayeuna.

Konsep demokrasi jeung republik teh samemehna tacan kungsi dilaksanakeun di sakuliah Nusantara. Ku kituna urang jeung sekeseler nu lian anu ngawangun bangsa Indonesia kudu babarengan ngarumuskeun jeung ngalaksanakeun prinsip demokrasi jeung babarengan diajar ngajalankeun prinsip-prinsip pamarentahan republik anu rea bedana jeung praktek pamarentahan karajaan atawa kasultanan. Urang sarerea masih kudu neangan lilinggeran anu bener, sabab kudu diaku yen urang (pangpangna urang Sunda) lila teuing hirup dina alam karajaan anu feodal, akibat tina lila teuing dijajah.

Jiwa warganagara anu demokratis di nagara republik, beda pisan jeung jiwa kaulanagara karajaan anu feodal. Urang Sunda anu sanajan tina teks naskah-naskah kuna urang terang dina dasarna demokratis, tapi lila teuing dijajah ku kasultanan Mataram anu feodalistis disambung ku dijajah Walanda anu neruskeun ngipuk kafeodalan nu geus nyampak pikeun kapentingan eksploatasi kolonialna. Urang Sunda nu jadi rahayat jalantah geus biasa teuing ulun kumawula sagala rupa sadaya-daya, ari kaum elitna kangeungeunahan jadi menak anu dimemenan dienak-enak, bari henteu ngarasa yen digunakeun ku deungeun-deungeun pikeun meres ngagendes selerna sorangan.

Lamun hayang jadi seler bangsa anu dihormat ku nu lian, urang Sunda pangheulana kudu ngarobah mentalitasna jadi manusa anu yakin yen dina hirup antara manusa henteu aya luhur henteu aya handap. Bedana ngan kumaha prestasina dina makayakeun kabeungharan budaya jeung peradaban manusa.***(Ajip Rosidi)

Sumber: http://www.cupumanik.com/bray2.php?id=4



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Love cheap thrills? Enjoy PC-to-Phone calls to 30+ countries for just 2¢/min with Yahoo! Messenger with Voice.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to