haturan
 
ngahijikeun cek kang hasan jeung kang kumi wungkul ieu mah.
lamun bener unpad gumelar taun 1957, meureun harita masih make ejaan suwandi, bedana jeung eyd (1972) dihandap.
 
1. Perubahan Huruf

 

Ejaan Soewandi            Ejaan yang Disempurnakan      

dj djalan, djauh                j jalan, jauh         

j pajung, laju                    y payung, layu     

nj njonja, bunji                ny nyonya, bunyi  

sj isjarat, masjarakat       sy isyarat, masyarakat      

tj tjukup, tjutji                  c cukup, cuci      

ch tarich, achir                 khtarikh, akhir      
 
 
si kuring,
 
dh
On 5/16/06, Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

nambihan sakedik Kang Kumi (menang nya ?! mun heunteu awas siah...)
leres UNPAD teh diresmikeun thn 50-an (pasna taun 1957, inget nu ieu mah harga pas, jadi teu menang nawar)
ari diadegkeunna mah tos rada lami, mung sateuacan diresmikeun janten UNPAD mah, masih keneh disebat bagean ti Universitas Indonesia (Cabang Bandung heuheuheu)...
naha teu Oeniversitas Padjadjaran ? ah duka teuing atuh da si kuring ge teu apal... eta meureun pedah dina akta pendirian/statuta-na ditulis kitu...
jigana Kang Ganjar van Paris tiasa terang langkung seueur... ke geura antosan
 
 
^_^
----- Original Message -----
From: kumincir
Subject: [Urang Sunda] Fwd: [Ladang ngahuleng] Pajajaran vs. Padjadjaran

 


Sababaraha kali kuring manggihan kecap PAJAJARAN jeung PADJADJARAN. Dua kecap ieu téh sabenerna mah éta-éta kénéh, ngan baé maké tata éjahan anu béda, nyaéta nujul ka puseur karajaan Sunda sanggeus dipindahkeun ka Pakuan Pajajaran, kira wewengkon Bogor ayeuna. Béda sotéh éjahanana wungkul: nu mimiti mah éjahan kiwari, sedengkeun nu kadua mah éjahan heubeul. Ngaran ieu lajeng dijadikeun ngaran ku universitas nu diadegkeun di Bandung: Universitas Pajajaran. Ngan, kusabab ieu universitas téh diadegkeun nalika urang maké éjahan heubeul, nya ditulisna téh jadi Universitas Padjadjaran (taun 1950-an asana mah), malah landihanana gé pan Unpad (lain Unpaj!). Jadi, di urang téh aya dua ngaran: Karajaan Pajajaran (alias Karajaan Sunda nu puseurna di Pakuan Pajajaran) & Universitas Pajajaran.

Salaku ngaran, mémang di urang mah sok tara dirobah nuturkeun éjahan anyar. Jadi, nepi ka kiwari, Universitas Pajajaran téh resmina mah ditulisna keukeuh Universitas Padjadjaran (aéh, enya kitu?), sarua jeung kasus Soekarno jeung Soeharto (sarta "soe-soe" nu lianna). Tapi, anéhna, éjahan "padjadjaran" téh bet dipaké nepi ka kiwari pikeun nuliskeun Pakuan-Pajajaran (bisi panasaran, mangga buka http://news.indosiar.com/news_read.htm?id=47042 , http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0105/23/04.htm, http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/0802/20/0101.htm , http://www.kompas.com/kompas-cetak/0410/21/metro/1330081.htm ), padahal Pajajaran mah ngadegna téh jauh saméméh dipakéna éjahan heubeul. Heuheu...

Jadi, maksud tulisan ieu téh sabenerna mah pondok. "Pajajaran" salaku puseur karajaan Sunda, kiwari teu payus mun ditulis "Padjadjaran", da urang mah geus maké éjahan kiwari, lain éjahan heubeul. Enya sotéh ditulisna "Padjadjaran", mun nyebutkeun "Universitas Pajajaran" sacara resmi.

Patali jeung Universitas Pajajaran, naha coba bet keukeuh dilandih "Unpad"? Ceuk kuring ieu mah, ieu téh lain teuing kusabab mémang tina ngaranna nu maké éjahan heubeul. Disebut "Unpad" sotéh kusabab létah urang mah teu ilahar boga kecap nu ditungtungan ku "j" paéh. Aya sotéh pasti beunang nyerep tina basa séjén, misalna "manhaj" (basa Arab). Sok baé téang kecap lianna, nepi ka dugul gé moal manggih! Heuheu...

--



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to