Sumuhun kang, abdi mah kontraktor di widang beton-betonan, tapi sanes beton siki nangkaheheheh

45-55 deg C the siang, wengi mah panginten kana 30-32 deg C, da upami hoyong terang mah, aya angina teeh lain kalah tiis (ka ubaran panasna) tapi kalahka ngahebos siga diHitutanku cerobong asap….puanas + ateulhehehe

. upami pas usum Tiis, nya wengi langkung Tiis deui..komo kajanari keun mahmatak ngarengkol poho kana damel..

Abdi oge di piwarang nyandak kulawargi (istri, anak) ku boss the, nanging alimeun pun bojona. Saurna the pertimbangan damel anjeuna, sareng sakolana pun anak.

Janten wae di putuskeun, abdi anu bade mundur ti Omankituww tah.

 

Baktos,

Yha

 

 

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of [EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, May 16, 2006 2:37 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: [Urang Sunda] Fwd : "Suharto Inc" => Beaya Hirup di Oman...??!!

 


Alhamdulillah Abdi oge pangestu Kang Yosep.

Kutan beaya hirup di ditu (dina level nu sami) langkung mirah dibandingkeun sareng di Jakarta nya....??!!Padahal pami teu lepat mah pendapatan per kapita na langkung ageung tibatan urang di dieu di Indonesia. Heuheuheu...

Numawi, nuju ngetang-ngetang ieu teh, untung-rugi na damel di ditu. Dumeh mangkukna aya kontrak kerja sama antawis pausahaan tempat damel Abdi di dieu sareng pausahaan minyak di UEA oge Qatar. Peluang kanggo resign ti pausahaan nu ayeuna, ngalih ka eta pausahaan nu di UEA atanapi Qatar lumayan ageung. Si Boss Arab teh nyarios ka Abdi tur balad-balad yen seueur ingsinyur Indonesia nu damel di ditu, palalinter deuih, bilih kapincut hoyong damel di ditu 'tiasa diatur' cenah. Nyaa asal kandel kulit beungeut we disebat 'pengkhianat' ku sobat atanapi si Boss di dieu heuheuheu.....

Kang Yosep, sami Abdi oge di dieu mah damel di pausahaan kontraktor. Mung jigana benten widang. Pausahaan Abdi mah spesialisasi widang minyak & gas. Jigana pausahaan Kang Yosep mah widang 'perbetonan', eta we account imel na interbeton heuheuheu...tukang ngadamel beton nyaa...??!!

Teras, ngeunaan iklim. Bentenna ekstrim pisan teu antawis suhu (=hawa kituw...??) siang sareng wengi....??!!Pami usum panas, saurna suhuna teh 45-55 deg C, eta teh siang wengi sakitu atanapi mung siang wungkul...??!!Kitu deui pami usum tiis, 5-10 deg C teh siang wengi atanapi siang wungkul....??!!

Punten ah meuni ngayayay....
Bakating ku panasaran sareng hoyong terang we...



Baktos,
OTA


 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke