Kang Kum-kum, nu leres mah Guru Bumi.....kitu!

Ieu mah urang sabari ngecap we.
Saleresna mah nu diebrehkeun ka kang agus miwah kang mumu saparakanca (Tim Arkeoloh ti UI) nalika nganjang ka sindangbarang (SBR) teh nembe genep kabuyutan.  Padahal di SBR teh kabuyutan nu tos ka data aya 50 tempat. Teu acan di desa-desa sabudeureunana.  Saha nu tos ngadatana? nyaeta Yayasan Hanjuang Bodas Bogor nu gawe bareng jeung Padepokan Giri Sundapura nu aya di wewengkon SBR ti kawit sataun ka pengker.

Caritana panjang pisan nepi ahirna tiasa gawe bareng jeung tim UI.  Samemehna tos aya usaha pikeun ngawanohkeun kabuyutan nu aya di SBR ieu boh ngadongkapan ka instansi "terkait" oge bewara ka masarakat umum ngalangkungan siaran radio jeung Tipi (Kantos oge acara ngaprak rutin ka kabuyutan teh diliput ku tilu stasiun tipi), tapi hare-hare we tanggapanna.

Ari sareng urang UI mah benten, kumargi saban sasih pendak di acara Simpay, teras sok dicarioskeun oge ditingalikeun foto-fotona, lami-lami mah urang UI oge kapincut, sabari sok dibebenjokeun (aeh siga kabudak), pami sumping ka SBR kedah mondok, engke wengina baris disuguhan ku mangrupa kasenian sunda....atuh pan aranjeuna teh pada sumanget.

Sasih payun mah sareng urang UI teh (upami pareng) bade ngawitan ngahanca ngaalihaksarakeun naskah kuna. Aya tilu kitab nu aksarana cacarakan nu kapendak ku kuring.  Dongeng lengkepna mah engke we pami tos aya laratanana.

Perkawis nu sok moro barang cagar budaya, memang leres aya, malih mah aya "sindikat"na --kuring kantos ngalungkeun ieu jejer ka milis dina jejer kuncen kabuyutan (1).  Tapi husus nu di SBR, memang tos aya rarancang bade ngadegkeun musieum pikeun nyimpen ieu banda titinggal karuhun.  Ayeuna barang-barang nu gampil diboyong-alihkeun, saheulaanan mah dikeumpeulkeun caket padepokan.
 
Jalatunda nu di SBR oge sok kasumpingan ku jalma ti manamendi, duka barade naon ka dinya teh, kuring mah teu terang......
 
Cag,
hendra

NC.  Minggon kamari aya panataran pikeun kuncen kabuyutan di kantor pemda kab bgr.  Hasilna dua urang SBR resmi janten kuncen kabuyutan, baris nampi gajih tiap sasih ti pamarentah.  Otomatis kabuyutan nu aya di wewengkon SBR oge tos diangken ku pemda.



".:: kIPeR pERsIb ::." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
leres pisan kang kumi nu jadi masalah teh aya dua
kahiji kasadaran masarakat ngeunaan situs(kabuyutan) keda di
lestarikeun da basa ngaprak jeung rengrengan ka arca domas didinya
kuring manggihan warga cenah manehna ngaku baheula aya patung model
sunda-polinesia (mun teu lepat mah ceuk kang agus aris munandar basa
ngaprak ka kabuyutan nu gedena leuwih ti gunung padang), eta patung
ceuk warga teh ku manehna di panciran malihan dijieun jalan, aya deui
nu lewih edan basa di SBR, aya hiji menhir masih aya keneh malihan
dijieun paragi nyesueuhan ...
nu kadua ceuk versi kang agus aris munandar tea mah aneksasi nya teu
jauh caritanama basa seratan kang hendra di koran bogor tea

--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Muhun, ku kitu ku kieu, da piraku ari kedah disumput2 mah... Mung,
nyeta,
> kedah aya pangrojong boh ti masarakat (kasadaran yen ajen sajarah
barang2
> arkeologi teu bisa ditukeuran ku duit) komo ti pamarentah, sangkan
situs2
> arkeologi teh tiasa kapiara & kajaga.
>
> jk
>
> On 5/18/06, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Numawi, ti saprak kenging informasi ti kang Mumu,
> > perkara aya 'jalatunda' di  Sindangbarang ieu, kuring
> > oge mikir, naha kira-kirana "pantes" heunteu
> > ditembrakeun di KUSnet, bisi aya 'jurig nyiliwuri',
> > antukna siga kajantenan anu tumiba ka situs-situs
> > sanesna. Tapi asa 'boga dosa' lamun baraya KUSnet
> > heunteu dibejaan. Padahal acara tanggal 24 Mei oge,
> > sifatna umum, saha wae tiasa mirengkeun pedaran
> > informasi ti Kang Agus,kalebet "tukang moro"
> > titinggalan arkeologis.
>






New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke