Singhoreng nu ngadamel balong atawa setu di villa-na sutiyoso teh leres-leres aya.  Sigana ngangkutan alat-alat beuratna henteu ngalangkungan jalan payun (utama) nu tos diaspal tapi ngalangkungan akses jalan nu sanes nu acan diaspal.  Ma'lum seueur jalan (gang) nu lebarna samobileun ka arah tonggoh teh. 
Saur urang Kampung Rawa mah, di villa teh tos siga taman safari, seueur koleksi binatang-binatangna.  Kitu oge taneuh-taneuh di sabudeureunana tos kapimilik ku urang kota, dijarieun villa.  Pas papayun-payun jeung villa-na sutiyoso aya taneuh nu dipiboga ku wiranto tapi can dibangun, malih mah di dieu aya helipad sagala.  Nu matak hariwang mah taneuh wiranto ieu ngan "sajeungkal"  jarakna ti kompleks kabuyutan arca domas nu aya di kawasan perhutani.

Jadi emut keur mangsa rame-ramena konsep kota megaloman eh megapolitan, harita kuring kungsi rek nulis di koran bogor ngenaan kota megapolitan ieu dikaitkeun jeung ayana aset sutiyoso di bogor, tapi teu jadi ah, da asa subyektif teuing....

hb


hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dina sasasih ieu aya tilu kalina ngalangkungan villa-na sutiyoso, nu haneut keneh mah dinten minggu kamari basa ngajajap kang hadi ka kabuyutan arca domas cibalay.  Villa sutiyoso teh jarakna kirang langkung sakilometer ti kabuyutan arca domas, hiji kabuyutan nu pangahengna di bgr nu legana aya kana sahektar.

Memang kuring teu kantos lebet ka eta villa, tapi nu kasampak ku kuring mah hare-hare wae, teu aya nanaon. Di payuneun Villa rarehe, teu aya kasibukan nanaon, atuh jalanna oge tetep rapih teu aya urut taneuh murudul.  Meureun ari leres aya nu ngadamel situ mah pastina oge aya gandaran ageung siga treuk nu ngangkutan taneuh atawa aya mobil keruk pikeun ngedukan taneuh, pan di dieu mah teu aya.

Ditaroskeun ka masarakat dinya oge teu terangeun.  Tapi upami proyek pikeun ngadamel bumi perkemahan tenjolaya jeung curug ciputri mah leureus aya, proyek ieu dikokolakeun ku perhutani, ayeuna nuju dihanca. Tempatna  bumi perkemahan ieu ayana di tonggoheun villa sutiyoso.

Kitu tah
"Laporan pandangan mata" sawatara ti urang gunung mah.
Engke urang sambung deui pami aya buktos nu sanes.....

hb



kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dua poé ieu, teu ngahaja kuring nuturkeun béja dina PR-online ngeunaan diwangunna situ di Tapos. Ieu situ, dijieun ku jalan ngabendung walungan anu sapopoena ilahar dipaké ku masarakat sabudeureunana. Atuh puguh baé masarakat téh kaganggu, da caina jadi kiruh & aliranana teu kawas biasana.

Ceuk cenah, nu ngabogaan & ngawangun ieu situ téh gegedén ti DKI. Ceuk Sutiyoso, kasus ieu mah digegedékeun, dipolitisir. "Ari manawi téh ngadamel kulah mah teu kedah nyungkeun widi sagala," kitu meureun pantesna caritaan anjeunna téh (mun hayang dipapantes deui mah, mangga bayangkeun nyarita kitu téh bari leungeun ngodok saku, maké tasma ribén, buuk luis hérang leucir ku VCO--halow Kang Runa!--, sungut héhéotan, hihihi...).

Bayangkeun (deui waé), Baraya. Nu disebut "kulah" ku urang Jakarta mah legana téh nepi ka 17 héktar, kulah jang raksaksa (raksaksa téh mangkeluk nu leuwih badag batan raksasa-red.) sugan.

.....................


Yahoo! Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously low rates.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to