Miceun runtah kalayan cara dikubur di TPA ukur mereskeun masalah sawatara waktu wae. Ku sabab anu dumuk di Tatar Sunda, khususna Bandung, baris terus nambahan, boh ku reundeuyna katurunan atawa anu daratang ka Bandung, hiji waktu TPA anu anyar oge baris pinuh. Hal ieu kaalaman ku TPA Dago, Pasir Impun, jeung Leuwi Gajah. Bisa jadi, lamun nyieun TPA-na teu bene, kajadian musibah Leuwi Gajah kaalaman deui.
 
Bahaya sejen nyimpen runtah di TPA nyaeta kokotor tina runtah asup kana taneuh ngotoran cai taneuh. Leuwih bahaya, lamun TPA samodel kitu aya di tempat luhur jeung dina batuan anu carang (porous) siga batukeusik atawa batu kapur. Bahay pisan keur cai taneuh di masyarakat di wewengkon sahandapeunana.
 
Ngokolakeun runtah kalawan diduruk oge teu pati hade. Salian ti boros bahan bakar, hartina boros beaya, oga aya kamungkinan haseupna ngotoran lingkungan hawa anu ku urang diperlukeun. Ngokolakeun runtah jadi kompos oge teu pati hasil jeung memang sacara konsep oge kompos teh masih nyesakeun masalah: hargana kawilang mahal (ongkos produksi masih gede) oge ongkos angkutna masih mahal, jeung dangongna teu pati dipikaresep ku patani. Patani leuwih milih gemuk kandang tinimbang kompos.
 
Ngongokalakeun runtah anu luyu jeung implengan miara lingkungan jeung sinergi ngaronjatkeun dunya tatanen, taya lian ti misahkeun runtah organik tina runtah an organik sarta ngarobah runtah organik jadi gemuk NPK super (lain kompos, da kompos mah masih nyesakeun masalah). Nyakseni sorangan, konsep ngokolakeun runtah sarupa anu akhir ieu, anu mawa kauntungan mangrupa runtah beak unggal poe kaserep ku pabrik, gemuk NPK super (nya kumplit sakumaha kaperluan pepelakan jeung murah) oge kauntungan sejenna, geus kungsi katarima ku panangan pamimpin/pamarentaha pangluhurna di Jawa Barat. Oge kungsi katarima malah dibahas sagala rupa ku isntansi anu wenang dina urusan lingkungan di Jabar. Hiji konsep anu geus aya rancangan prak-prakanana jeung balitungan kapantesanana buah karya urang Sunda pituin.
 
Hanjakal, sigana malati can lingsir ku wanci, campaka can ligar na mangsa, can kaparengkeun. Keun sugan ka hareup.
 
cag.
baktos,
manAR
 
 
 
 


 
On 5/20/06, yono <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ieu aya panyaur ti liputan genep tadi beurang,...
cenah runtah teh rek di ka TPA keun anu di garut, di pangalengan.... pokonamah saur Bapa Dani Setiawan (Gubernur Jawa Barat) teh bupati sajawabarat ngiring prihatin ku numpukna runtah d bandung teh,...
sukur atuh ahh... jadi ke ahir bulan pami uih teh moal ningal runtah patarambru jeung pahibut laleur hejo tea geuning,,...... nuhun pisan kanggo Bapa Dani Setiawan nu atos mendak pemecahana sareng ka para Bupati sa_Jawa Barat.  

nyileungleum nga_dehem
yonotea
de ic dept.
ych ind co, ltd.
 
 
----- Original Message -----
From: iva wanti
Sent: Saturday, May 20, 2006 11:26 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] NGIMPI

 
Untung ngimpi si cepotna teu sareng luna maya nya. Sigana moal ngimpi soal runtah, tapi gelut.....hehehe
Kaleresan dinten ieu aya acara Gema Nusa di Tegalega. Jalan nu sadidinten kalangkungan pami abdi damel. Sihoreng presiden SBY nu janten pambuka acarana. Ngadadak sakitar jalan anu dilangkungan ku SBY teh, runtah ngalaleungit.....heuheuheu. Saminggu we SBY aya di bandung, lumayan panginten runtah dimana2 bakal seep. Mung rugel we ketang, salami saminggu telat ka kantor wae :D
 
 
Neng Iva  

sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Abong ngimpi tara pulah pilih heula, geus gereget hayang ngimpi jeung luna maya, eh malah ngimpi  jeung si cepot. Kieu geura dongengna, dina rasa teh, si cepot milu keuheul, era pacampur jeung sedih basa aya beja yen bandung kiwari jadi lautan runtah. Tuh nya si cepot wae ngilu prihatin, padahal pan  geus pada nyaho yen si cepot teh urang tumaritis, jauh mela melu ti bandung. Sabalikna nu dumuk sapopoe di bandung loba nu masa bodo. Ah dasar ngimpi. Saterusna der we kuring ngobrol jeung si cepot mani uplek pisan.
 
"Lain euy pot, ari di tumaritis kungsi krisis runtah kawas di bandung kiwari?" ceuk kuring
"Puguh we, malah di tumaritis mah leuwih parna ti bandung euy, ceuk paribasa, bru dijuru, bro dipanto, ngalayah ditengah imah, lain bobohongan pinuh ku runtah, teu dicaturkeun ari dina bakna mah da nepi ka mudal teu kaurus!"
"Beu kutan kitu nya!"
"Tapi eta baheula, coba tingali ayeuna resik, euy!"
"Geuning bisa kitu, kumaha carana?"
"Yeuh sabenerna dipawayangan ge teu beda jeung diperdunyaan, aya istilah ABS!"
"Maksudna kumaha, pot?"
"Coba we mun aya iber nek aya raja ngalongok ka tumaritis, dak dumadakan sakadang runtah teh ngaliles teuing kamana, nu aya disapaparat jalan rajeg umbul umbul panyambutan!"
"Jadi di bandung ge kudu dilongok ku persiden kitu?"
"Pek we cobaan, mun teu ujug ujug leungit eta runtah abong, malahan anu tadina bau runtah, jadi melenghir seungit pewangi ruangan, heuheuy...tobaaaatttt!"
"Tapi mun persidenna ngan ukur ngalongok sapoe, meureun isuk pageto geus der deui we, runtah pabalatak!"
"Nya mun kitu mah, istanana we atuh pindahkeun ka bandung, heu heu...!"
"Beu nepi ka kitu, nya!"
"Baheula basa tumaritis jadi tuan rumah ktt sapawayangan, samemehna mah enya asa rungseub boh ku runtah, kaki lima pon kitu deui taman anu teu ka urus, ngan sanggeus deukeut ka eta acara, asa cop tumaritis di sebut paris  van amarta teh, malahan jalan tol anu nuju ka tumaritis ge diberedeg dianggeus anggeus!"
"Har geuning asa persis pisan kawas kajadian didieu!"
"Nya kabeneran we, ngarana ge ngimpi, tah ayeuna balik deui ka sual runtah atawa sampah aya sampah anu susah leungitna sanajan pajabat atawa persiden mindeng ngalongok!"
"Sampah nanahaon kitu, pot ?"
"Sampah masarakat tea, euy!"
"Nu sok papaok, malak, pamabokan tea kitu?"
"Heueuh, tapi ngomongna tong bari melong kadewek, dewek kasinggung deuleu!"
"Heu heu...lain euy pot, dipikir pikir titatadi ngimpi jeung kang epot teh asa rugi euy!"
"Naha make rugi sagala, rugi palebah manana?"
"Puguh tadi teh luna maya geus ringkang ringkang nek kadieu, eh ningali aya kang epot, ngabiribit deui!"
"Heu heu...tobaaaatttttt!"
 
Tamat ngimpi jeung si cepot, eh dasar milik ngimpi teh diteruskeun deui jeung luna maya, ngan wayahna nu ieu mah moal di uar uar, bisi kabita he he.(sr)
 


Feel free to call! Free PC-to-PC calls. Low rates on PC-to-Phone. Get Yahoo! Messenger with Voice

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke