dh,

Mun di milist urang sunda pernah aya nu posting embung make basa sunda
(mun teu salah ka Amin, lulusan UGM, damel di LIPI) keur peutingmah
kuring manggihan nu sabalikan. Embung make bahasa melayu, hayangna make
basa sunda bae. Padahal anjeunna teh tampil di TV (LATIVI) anu jangkauna
siarana teh Nasional.

Saha etateh? Ustad. Tapi manehna embung di geroan ustad atawa kiai.
Hayangna digeroan Mang Jujun bae. Kieu cenah ceuk Mang Jujun teh,
"Punten nya Mamang Mah ceramahna rek make basa sunda bae. Da mamang teh
urang sunda, urang rangkas bitung....., Bae disiarkeun ku Lativi oge".
Sanggeus nyarios kitu mah beredel bae Mang Jujun teh ceramah, make basa
sunda. Lilana ceramah aya bae kana 10 menitan.

Tos ah ngadongengna. Mangga.

wasalam,
dur



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to