kang nata,
 
aya galur ti timbanganten oge panginten nya?
 
baktos,
s4d3w4

S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hehehhe.....kalimat anu terakhir meni lucu........aya2 wae si akang mah.
Saleresna mah aya patali sareng silsilah karuhun ti pun Aki alm anu di wariskeun ka sim kuring kanggo neraskeun, margi saur anjeuna nalika
jumeneng keneh, saurna sa bisa-bisa teangan lanjutan sareng kapastian nana bisi euweuh anu nuluykeun sajarah urang ku maju na jaman,sareng
kaleresan kang Nata oge ayeuna2 parastos mulai resep kana sajarah, abong saur sepuh nya kaduhung mah tara ti heula, ayeuna tos yuswa kapala 4
nembe resep, coba mun ti kapungkur keneh nalika jumeneng keneh pun Aki ( Endih N ) sareng pun Uwa (H.Netty,S ) sigana tos ka cukcruk tempat2
palinggihan karuhun teh, kitu dongeng na kang Oman.
    Hatur nuhun tina informasi na, Insya Allah thn payun sim kuring seja ka lembur tur rada lami, janten seu-eur waktos kanggo ngayakinkeun nu mana2 na
ku jalaran tataros weh ka anu langkung terang.
 
Wassalam
 
Nata
----- Original Message -----
From: mh
Sent: Sunday, May 21, 2006 11:35 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat

Ieu nambihan we, sugan nambah lieur, hehehe.

Aya sababaraha wewengkon anu TEN-TEN-nan teh:

1. Garut: Desa Timbanganten, Kacamatan Tarogong Kaler Kab Garut. Ngan kabehdieunakeun katelahna jadi Desa Cimanganten. Aya carita rakyat di wewengkon ieu nu pakait sareng ngaran Karajaan Timbanganten, nyaeta dongeng Gunung Guntur ngabeledug. Ngan kuring teu apal, naha aya wewengkon Hajasari di ieu wewengkon.

2. Bogor: Kelurahan Harjasari, Kecamatan Bogor Selatan. Nu ieu mah teu aya x-TEN-nan.

3. Sukabumi: Di Sukabumi aya wewengkon ngaranna Desa Sagaranten. Di ieu wewengkon aya perkebunan Harjasari. Jigana mah nu ieu nu leuwih deukeut engangna.

Kanggo naon Kang Nata, di Ostrali milarian Timbanganten, aya urut papacangan jaman ngora kitu? Hehehe.

Salam,
mh

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari Timbanganten teh ngaran baheula keur kota/wewengkon Limbangan, Kab. Garut ayeuna. Si kuring henteu apal dimana persisna Harjasari, ngan moal nyalahan deui, tangtu di wewengkon Limbangan ayeuna.
 
baktos,
manAR

 
On 5/21/06, indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres teu yakin, puguh....he he
Asa hawar-hawar nguping mung duka dimanana mah, soklah baraya......dimananya "Hajasari-Timbanganten" teh..?
Biasana kang Oman, kang Sidik, kang Mj, kang Hasan sok terang....atanapi nu sanesna.....Kitu kang Nata, dimana anjeun dumuk...?
 
ipeut

S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh ipeut.......
naha gening di ngawitan ku " upami teu lepat"...atuh teu acan yakin panginten....hhiihihihi....atanapi hilap deui panginten nya...?
teu sawios hatur nuhun pisan, atuh mamanawian weh aya wargi anu sanes anu tiasa ngayakin keun ka sim kuring.
Sakali deui hatur nuhun.
 
Nata
----- Original Message -----
Sent: Sunday, May 21, 2006 1:45 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat

 
Wa'alaikumsalam.....
 
Upami teu lepat di daerah kabupaten Garut, manawi.......
 
ipeut

S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wb
 
    Ka sadayana baraya manawi aya anu terang daerah Hajasari - Timbanganten,
daerah mana nya eta teh ? nuhun sateuacan na.
 
Wassalamu'alaikum wr wb
 
Nata



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates.

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke