geuning ceuceu resep kana lari nyah ?
sami atuh, abdi ge resep pisan kana lari teh.
komo lari dari kenyataan mah...
heu...heu...


damang Ceu ?

-dul-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Alhamdulillah, hatur nuhun pujianana Kang Yani*duh, tong disamikeun
sareng Kang Syam atuh*da abdi mah masih keneh "amatiran", iseng we
ieu ge ngalaporkeun pangalaman kamari*ssssttt*Bos abdi nuju kaluar
kota janten jongjon we ngetik*heheh.
> Leres Kang, jaman Orba mah baroraah tiasa kitu, meuni kedah
haharewosan ari aya nu teu cop kana manah teh*beuuu*

> Hihih, Kang Edi mah tiasa wae*kade bilih lepat Kang, abdi hobi
nyerat tapi ari dipiwarang janten reporter mah*ampun*teu tiasa! (Ih,
meuni GR nya!) Euleuh, kutan putra Kang Edi ge ngiringan? Pami terang
kitu mah diwawarkeun panginten na podieum, nambut heula spekerna ka
Gan SBY! Heheh*.Alhamdulillah, sae pisan Kang, teu ngantunkeun
netepan.


> Duh, meuni sumpah sagala Kang Padjorad1 (punten teu terang namina)
siga Pocong wae heheh*
> Amiiinnn piduana* mugia enjing Salasa (saur na berita) mah pasualan
runtah teh kedah tos beres. Persib sing kenging meh teu ribut wae di
jalan. Abdi sing sehat nya kitu deui Akang, da naek Xenia bari teu
damang mah teu puguh...


> Neng Iva, abdi teh diajakan ku rai misan bari jeung telat ampir weh
kaseepan! Sareng kaleresan nuju kabagean op (off) InsyaAlloh ke
ngiringan deui pami aya waktos mah*nyaaa*tipada lena lenu di bumi teu
pararuguh...mending lumpat, sehat & mangpaat.
> Muhun na TiPi mah aya nu pupus, Innalillahi wa inna ilaihi
rojiu*mugia sing dihampunten dosana, ditampi amal ibadahna,
dicaangkeun jalana*Amiiin.
>
>
> Hatur nuhun,
> cr



>
>
> >>> [EMAIL PROTECTED] 05/22/06 11:57AM >>>
>

> Kabeneran kuring  miluan Gema Nusa nu diayakeun ku Mama Ajengan
Abdullah Gymnastiar tea.
> Mayar Rp. 10.000,- meunang kaos, nomor, panitih (lumayan urutna
bisa dipake keur kudung) jeung iket hulu. Nya itung2 mecakan latihan
nu sok dilakonan unggal Minggu, teu meunang lari ge atuh
meunang "Hadiah Panto (Doorprize)" nyaeta Xenia & Ceria* pan aya
pantoan kabeh ge lain? heheh*.
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke