Apanan di urang teh ayeuna mah tos sagala janten runtah.
Tingal we birokraasi diurang meni tos bau runtah.
Janten ulah nyalahkeun teuin Bandung anu kapungkur disebat Paris van
Java anu ayeuna disebat Varis van Sampah!
Saleresna mah,urang Bandung teh nyindiran ka bangsa Indonesia yen
sikap sareng perilaku urang teh tos siga runtah!
Tah saena mah "runtah" di Bandung teh kumaha upami dijantenkeun
"jimat" tea nya wa?
Deny
--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Para wargi sadayana, lembur sim kuring aya dihandapeun (kaki) Gunung
> Tampomas. Nami Tampomas cukup beken di Indonesia mah, tapi sanes
beken ku
> gunungna.........tapi ku titeuleumna Kapal Tampomas II di perairan
Masalembo
> di awal tahun dalapan puluhan, salah sahiji musibah kapal laut
pangageungna
> di abab 20 nyaingan musibah Kapal Titanic.
>
> Ieu riwayat gunung Tampomas. Kapungkur cenah gunung teh bade bitu (duka
> jaman iraha), urang Sumedang nu aya subudeureunana parantos panik.
Kangjeng
> Dalem kacida bingungna. Tapi hiji peuting anjeunna ngimpen, supados
gunung
> teh heunteu jadi bituna, kedah dicocog (ditusuk) ku keris tina emas.
Atuh
> lajeung anjeunna teh nyandak keris emas ka puncak Gunung (teu
dicarioskeun
> kumaha-kumaha na mah, da rada sesah atuh ka puncak gunung nu nuju
bade bitu
> mah) teras ditusukeun. Ti harita kawah Gunung langsung liren " teu
aktif".
> Gunung teh akhirna disebat gunung tampa emas (tampa = nami /
narima), anu
> janten robih jadi Tampomas.
>
> Tah para wargi, jaman kapungkur mah........gampil nya? cukup ku "jimat",
> gunung rek bitu ge jadi teu tulus. Tapi ulah nyeungseurikeun heula
ka jaman
> baheula, da ayeuna oge seueur "jimat" teh, malah langkung seueur.
Geura ieu
> : "Pancasila Sakti", "Azimat Pancasila", "manipol Usdek", "UUD 45",
> "Nasakom".....dst sadayana ge "jimat" Orla jeung Orba, sadayana ge
dianggap
> sakti, tiasa ngubaran sagala masalah. Eh.........ari ayeuna
"jimat"na naon
> nya?
>
> -WALUYA-
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

