Sami kang sareng di Bojong Loa Kidul, kitu eta teh, mayarna dua kali tapi runtah ngahunyud dugi kabau teu enggal dipiceun, da nyakitu tea TPA can disayogikeun keneh bae. Naha ari artos runtah teh dianggo naon bae nya? Asana teh can/tara aya laporan ka warga Bandung, sabarah seueurna, kamana wae sosk-sokannana?

Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Keuna......! Runtah keuna pajeg...!
Di Bandung (Kacamatan Andir) mah mayar runtah teh 2 kali, sakali iuran
di RT nu ka 2 bareng jeung mayar listrik, kudu mayar deui runtah. Di
Cimahi mah, cukup mayar runtah di RT hungkul.

Keur kuring sakola , Daya Listrik / Watt (W)sabanding jeung Arus
Listrik (I / Ampere). Maksudna, beuki gede Daya Listrik anu
dibutuhkeun, beuki gede oge Arus Listrik (I) anu dibutuhkeun. Di
Bandung (Kacamatan Andir) mah, Daya Listrik sabanding jeung mayar
runtah. Beuki gede make Daya Listrik, beuki gede mayar runrah...!

Aya nu nyaho rumusna kumaha ?

Jang Emod
--- In urangsunda@yahoogroups.com, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ari runtah keuna pajeg henteu ?







Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke