wilujeng wengi,
 
>>> sajarah sunda can kabolekerkeun sacara gembleng...nya
>>> eta mah pasrahkeun ka ahlina...
 
Sumuhun mangga gali patilasanana, teras buktoskeun ka anak incu urang yeun bener ditatar sunda pernah aya prabu siliwangi, atanapi kerajaan Galuh pakuan atanapi Sumedang Larang, upami kitu-keneh-kitu keneh mah ngadodol namina, kanggo naon atuh janten profesor sejarah.
 
>>> atuh warta2 nu dina peer, galura, mangle jsb pami
>>>  eusina hasil nalar nu leuwih jero, nya teu nanaon.
 
Kedahna kitu atuh akang, tapi akang uninga, saha atanapi sabara ese anu maos mangle ? kitu deui naon anu bade dipidangkeun dina mangle, paling-paling cara ngadamel pukis, moal dugi ka mangle  ngabahas ngenaan teknik membuat satelit atau teknik mengkloning hayam.
 
>>> maca kana sajarah kedah maluruh teu tiasa parsial.
>>> sunda geus cukup boga ajen, ngan problem ayeuna can
>>> tiasa "ngamekarkeun" ajenna.
 
Sumuhun akang kasep, fakta sejarah teu tiasa parsial, tah kukituna kedah dicarioskeun anu “runut” atanapi malepah gedang tapi omat kedah didukung/dibuktoskeun nganggo fakta, sok  mangga geura gali faktana upami prabu siliwangi aya.
 
Akang urang ulah sok ngabobodo diri sorangan atawa anak incu, luhur handapna, atawa deet jerona hiji kabudayaan ditunjukeun dina fakta sejarah, ieu sadayana tiasa ditinggali dina patilasana dilapangan, atuh anu paling gampil tinggali wae dina museum.
 
Mangga akang uningaan dina museum Sri Baduga (anu berat ku nami), teras akang jalan-jalan ka museum dimanca nagara, nembe akang tiasa nyarios iraha urang sunda lahir, iraha urang Arab lahir, iraha urang Palestina lahir, iraha Mesir, irasa urang yahudi, jsb.
 
Ieu we bandinganana, di Tatar Sunda teu acan aya jalmi, di Mesir tos ngadamel piramid, kitu deui ditatar sunda jalmina masih keneh buligir atanapi anggoanana jarami, dikota Paris atanapi Madrid jalmi tos nonton opera nganggo anderok tina katun (eh bit, di tatar Sunda tos aya nu ninun nya namina Dayang sumbi, komo nini antehmah ninuna oge di bulan).
 
Kang ulah pundung nya, engke upami tepang di BSM ulah bendu ka Ana, seratan ieu sekedar “menyegarkan pikiran bahwa kita orang sunda sebenarnya sudah saatnya bangkit” urang dobrak info ti kolot urang anu eusina ngadodol ngarahul nu matak urang agul ku payung butut bari jeung ngakibatkeun US jiga kieu.
 
sakieu hela ti Ana.
 
Salam
ANA,
 


sara raka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
najan sunda teu kawas majapahit, atawa babilonia--- tapi di henteu2 ge boga sajarah, tah sajarah nu ieu -sunda- nu kedah diaos deui, lantaran nepi ka ayeuna peer sajarah sunda can kabolekerkeun sacara gembleng...nya eta mah pasrahkeun ka ahlina...
 
atuh warta2 nu dina peer, galura, mangle jsb pami eusina hasil nalar nu leuwih jero, nya teu nanaon.
pan saha nu terang mun mah US aya nu tiasa basa yahudi, inggris, arab jsb..pan mun ditransper kana basana sorangan, naha moal nambahan pinter?....
jalan tengahna nyaeta bacaann US kedah seuer referenna teras dibahasakeun ku basa kaomna, sanes kitu?..
memang enya nu mutahir ayeuna basa inggris, memang leres. pokoke kedah seuer referenna wee lah. budaya barat ge mun tanpa referensi timur/ arab nya tangtu moal siga kawas ayeuna...
 
maca kana sajarah kedah maluruh teu tiasa parsial. sunda geus cukup boga ajen, ngan problem ayeuna can tiasa "ngamekarkeun" ajenna.
 
sakieu hela ah hehe.. 

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 


Sneak preview the all-new Yahoo.com. It's not radically different. Just radically better.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke