Dear,
 
janten inget kana waktu keur SMA keneh,.. bolos sakola terus kalahka naek ka gunung salak.. hanjakal kamari teu bisa ngiring... padahal hoyong pisan,.. Naek deui
 
 
Wassalam
 

HrD PT Rals. Tbk.
 

                                 " Jagalah lidahmu, daripadanya segala malapetaka tercipta "
 
 
----- Original Message -----
Sent: Monday, May 29, 2006 3:44 PM
Subject: [Urang Sunda] JAJAKA PETUALANG naek Gunung Gede

Baraya, ieu laporan "unofficial" lalampahan naek Gunung Gede baraya KUSNET.
Sakumaha anu dibewarakeun ku kang Runa, rehna dina poe jumaah ping 26 Mei 2006, baraya kusnet  boga acara nyaeta naek Gunung Gede.Foto-fotona aya di kang Amin jeung kang Yugi.

Lumayan anu terdaftar teh aya 20 urang. ngan hanjakal, dina poe pelaksanaanana, tilu urang teu jadi. aya wagelan saurna mah. atuh anu jadi teh ngan 17 urang. ari nu 17 urang eta oge ka bagi dua kelompok. kelompok ka hiji 11 urang naek nepi ka puncak, kelompok ka dua 6 urang teu ka puncak, ngan saukur tepi ka Curug.

Kuring indit ti imah poe jumaah jam 9, padahal jangji kumpul di Cibodas teh jam 3 sore. ngahaja indit isuk-isuk meh kaburu jumaahan di cipanas. ari indit ti imah geus jumaahan teh bisi samporet teuing waktuna. komo deui ieu libur panjang, ceuk taksiran kuring, di puncak pasti macet, sahanteuna diterapkeun sistem buka tutup. Ti imah ka rambutan, ti rambutan naek beus jurusan bandung anu ngaliwatan Cianjur.

Tepi ka Cipanas kira-kira jam 11.30, pas pisan waktuna jumaahan. sanggeus nanyakeun ka urang dinya dimana lebah masigit, kuring ngajugjug ka masigit tea. Beres solat jumat, breg teh hujan, lumayan gede. atuh kuring teu bisa kebat ka cibodas, kapaksa nungguan hujan raat di masigit.  malahan mah bisa sare sakerejep. kira-kira jam 1.30 kuring indit ti masigit,  nyimpang heula ka warung ngadon dahar. kabeneran warung teh kadaharanna menu sunda. Sangu haneut, make urab ditambahan gepuk dipurulukan ku goreng bawang. edas ku ni'mat, keur mah diluar hujan deuih. sanggeus dahar, enya ge hujan keneh, kuring tetep indit. ti parapatan cipanas ka cibodas naek angkot.

Saanjogna ka  cibodas, kuring nungguan Runa di palataran parkir mandalawangi.  Aya barudak Trisakti meuni sa treuk gede, aya 50 urang mah leuwih. maranehna oge sarua rek naraek siganamah. Bari diuk deukeuteun pos jaga, iseng kuring SMS ka Runa, nanyakeun posisina bari ngabejaan kuring geus anjog, didieu loba barudak Trisakti. ceuk manehna keur dijalan cenah, ditambahan, sok geura milih nu harerang dua mah :). kuring mesem bari ngabales, puguh ieu oge keur ngeker-ngeker, : D.Barudak Trisakti teh teu saeutik awewena. sapertilu namah aya lah. nu herang oge aya :).

Sanggeus sababaraha lila nungguan, ahirna Runa datang jeung kang Amin. Duaan wae, kuring nanyakeun ari nu lianna mana ? cenah aya tilu kelompok deui, kelompok kang Yugi duaan, kelompok kang Feri genepan, jeung kelompok kang edi genepan. sanggeus kulang koling ka tiap kelompok, teu lila datang kelompok kang Feri kana mobil espass. aya genepan, Feri, Anto, Ria, Yosi, Melinda, jeung Rosita. lalakina duaan awewena opatan, amoy kabeh :). teu kungsi lila datang kang Yugi jeung baturna saurang. anu ditungguan teh nyaeta kelompokna kang edi. ngan ceuk manehna, indit ti jakarta na jam 6 sore, pidatangeun teh jam 9. wah peuting teuing atuh, mun ditungguan mah. ahirna sanggeus sakabehna satuju, 11 urang anu rek "menuju puncak", indit tiheula.

Indit teh jam 7 leuwih, peuting sanggeus solat magrib anu di hijikeun jeung isa. sabenerna, dina surat idin naek, rombongan teh meunang idina tanggal 27 poe sabtu. Sabab rek maksa naek poe jumaah, atuh di pos pamariksaan teh kudu rada "bersilat lidah" heula sangkan diidinan naek harita. anu ahirna diidinan oge. lalampahan naek teh ngarayap, soalna mawa awewe saopat-opat. atuh leumpang teh teu bisa kebat. keur mah hujan deuih harita teh. waktu 6 jam teh ngan bisa nepi ka curug cai panas. didinya manggih tempat rada lega jang masang tenda, antukna "nge-camp" heula di dinya. tenda teh mawa tilu, Feri mawa dua, Runa mawa hiji, tenda doom kabeh. Pedah meureun jarang masang tenda, atuh rada ugal-ugil masang tenda dua oge. sanggeus tenda beres, tas diberesan di jero, acara selanjutnyah makan, enya oge dahar mie instan. tapi  didukung ku situasi anu tiris (pisan) dahar mi instan oge meni ni'mat karasana. nginumna cai kopi ditambah jahe, lumayan beuteung teh kahaneutan. beres ngeusian beuteung, barudak awewe sina reureuh tiheula, karunya oge mucicid katirisan keur mah kahujanan sajajalan. Mangkaning ieu teh "Pengalaman Pertama" naek gunung. Uyuhan sakitu ge, euwueh nu menta balik deui he..he..he..

Rencana na mah hayang bisa ninggali "Sun Rise" di puncak. tapi ahirna teu jadi, milih reureuh heula, lalampahan diteruskeun isukan wae geus caang. sakalian meh barudak meunang cukup waktu pikeun reureuh. wanci carangcan tihang barudak geus harudang. ngan masih keneh males-malesan. kuring  ngan sare sakerejep, hese reup kajeun dipeureum-peureum oge, edas ku tiis hawa teh. Runa mah komo teu asup-asup acan ka tenda, kalah diuk diluar nyanghareupan kompor parafin, bari nyuruput kopi jahe. Sabab teu kuat ku tiris bari jeung teu bisa sare, ahirna kuring kaluar terus gabung jeung runa, nyanghareupan kompor parafin bari nyuruput kopi jahe. lumayan rada kahaneutan. hiji dua jelema anu rek naek ngaliwat, "misi bang" cenah. "you" kuring nembalan. resepna lamun naek gunung teh kitu, mun panggih jeung saha wae, pasti someah. duka meureun perbawana kitu, najan ngan saukur papaliwat, tapi "penuh rasa persaudaraan".

Tenda di bongkar jam 6 leuwih. sanggeus kabeh tarapti, lalampahan diteruskeun deui. tilu jam lalampahan saanjogna ka kandang badak teh. ditengah jalan manggihan curug leutik anu endah. atuh barudak teh poto-poto heula didinya. Di kandang badak, anu rencanana rek reureuh heula, teu jadi, sabab tempatna pinuh ku barudak Trisakti. atuh ahirnamah terus naek, najan reureuh oge ngan sakeudeung. tilu jam deui leuwih dibutuhkeun pikeun nepi ka puncak. panon poe isuk-isuk anu nyorot tina sela dangdaunan nambahan endahna alam anu sajajalan kalaliwatan. najan jalan anu disorang nanjak pisan. teu pati karasa da kaupahan ku endahna alam. barudak amoy teh gede pisan sumangetna. najan sakeudeung-sakeudeung reureuh, sakeudeung-sakeudeung reureuh, tapi teu "mengeluh", estu sabar jeung ulet. anu pang boyotna teh yosi, amoy rada gendut tapi campernik, urang surabaya. siganamah teu biasa nanjak, atuh mapay jalan anu nanjak pisan teh meni salengkah-salengkah. pas kukuring ditanya, sok olah raga tara? tara cenah. euh... pantes. tapi salut, najan enya salengkah-salengkah, tapi anjog oge ka puncak.

Nepi ka puncak teh kira-kira jam 12-an lah. di puncak reureuh heula rada lila. tina sabelas urang teh, ampir satengahna, anu karek harita naek gunung. diantarana budak amoy nu opat, anto, jeung baturna kang yugi. atuh nepi ka puncak teh ting galoler, carapeun. anu kudunamah menikmati keindahan alam, ieu mah kalahka ngajaloprak. anu kaitung rada kuat teh rosita, manehna sempet jalan-jalan heula. Ria, amoy gendut tapi herang, anu kaitung kuat pas nanjak tadi, saanjogna ka puncak ngagoler, capeun. Melinda "si manis berkacamata" oge sarua, malah budak ieu mah teu mawa jeket anu kandel, anu dibawa teh sweater biasa, jas hujan oge teu mawa, karunya katiisan. keurmah basa peuting kahujanan, untung kuring mawa jas hujan leuwih, nya bisa dipake ku manehna. Ari Yosi mah geus puguh, sajajalan oge ngarayap. Anto sare, baturna kang Yugi oge sarua. Feri ngagoler, kuring nyangsaya bari nanghunjar. walah lumayan euy, he..he..he...

Runa sempet masak heula, mi instan campur sozis. lumayan keur ngeusian beuteung. dahar ngariung balakecrakan, najan kaambeu bau hitut ti kawah, keukeuh wae ni'mat, da cape tea.

Sanggeus ngarasa cukup "menikmati keindahan dunia antah berantah", sabab teu bisa ninggali ka handap, kabeneran di handap katutupan ku halimun, jadi nu katingali teh ngan daerah puncak wae wungkul. jadi siga di dunia lain. he..he...he..rombongan turun make jalur gunung putri. ti puncak turun ka alun-alun suryakencana. di suryakencana, ngareureuh deui bari "memanjakan mata" ku kaendahan alam didinya. tegal anu lega pisan memanjang ti kidul ka kaler,  di kenca katuhu di apit ku "dinding alam", di sisina ngabaris tangkal kembang edelweiss. kuring sempet ngala kembang edelweiss, terus dibagikeun ka barudak. lumayan jang souvenir.

Harita teh boga dua pilihan, rek turun harita, atawa meuting heula di suryakencana, isuk-isuk neruskeun lalampahan turun. Anu kapilih teh opsi ka dua, neruskeun turun harita. jam lima rombongan beberes terus neruskeun deui lalampahan. pas kaluar ti tegal suryakencana, panggih jeung tukang nasi uduk. edas ieu jelema ti handap ka luhur mawa nasi uduk, dijual di puncak. teu cape kang? aya nu naya. Ah tos biasa abdimah, nya biasa wae, cenah. malah anu matak kagetmah, barudak leutik, taksiran umur 9 atawa 10 taun, ngulampreng dipuncak jeung alun-alun suryakencana bari dagang roti. hebat budak teh, leutik-leutik geus biasa naek gunung.  

lalampahan turun sarua "endahna". pas geus dahar nasi uduk, terus ngalengkah neruskeun lampah, breg teh hujan gede pisan. mangkaning harita wanci sareupna. medan anu ditempuh, jalan taneuh jeung akar-akar tatangkalan. jalan taneuh kabanjur cai hujan atuh puguh leueur. sababaraha kali Feri tisorodot labuh. keurmah barudak carapeeun, katurug-turug kahujanan, hawa tiis pisan, beuteung menta dieusian. wah lengkap lah pokonyah. mun mentalna teu kuat mah, barudak teh mopo siganamah. untung we barudak teh sumangetna garede. enya ge ngarayap, tetep maju terus pantang mundur.

rombongan kungsi nyasab, untungna teu jauh teuing ti jalur anu bener. sanggeus lalampahan kurang leuwih tujuh jam, leumpang di tengah hujan, bari peuting, ahirna rombongan anjog ka pos pemeriksaan. harita teh wanci janari, nu jaga pos geus sarare, atuh teu bisa kebat ka tempat angkot, da kudu lapor heula ka pos jaga. nya ahirna nungguan heula petugas tea harudang. barudak teh ngajaloprak, cape, tiris (kacida), lapar, tunduh, lengkep euweuh nu kurang he..he..he...kuring jeung runa nyieun cikopi. lumayan ngahaneutan beuteung, barudak diharudangkeun heula sakeudeung sina ngarinum cai haneut. wanci subuh, Feri saparakanca mulang tiheula, teu lila Yugi oge mulang. terahir kuring tiluan jeung kang Amin, Runa. nungguan petugas hudang.

Petugas teh hudang jam 6 leuwih, sanggeus laporan yen rombongan salamet bari nyerahkeun surat idin, kuring tiluan niggalkeun pos ngajugjug ka jalan. memeh naek angkot, sarapan heula bubur hayam. sanggeus sarapan, terus turun ka cipanas naek ojeg. ti cipanas ka jakarta kana beus bandung jakarta anu kabeneran ngaliwat. jam 11 beurang poe Minggu kuring anjog oge ka imah.



 
  


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke