He he he he, anu bisa "anu" teh naon, ha ha ha beurang kieu, BBS, bobo2 siang?.
Muhun dina teknisna kitu ulah diuar-uar, jigah pangalaman BTL, konpensasi BBM, kan ngadadak data anu miskin ngaageungan?. Dina soal "diangkat" tiasa ditarjamahkeun diangken, ulah hare-2 wae ka warga anu sabenerna mah nulungan balarea, sanaos sok aya oge anu ceceremed.Saha anu nunjukkeun prestasi saha wae wajar diajukeun janten padamel. Misalna dipasihan seragam damel, uang saku, tambahan gaji tina hasil aranjeuna sorangan, ladang runtah garing anu diical ka pausahaan daur ulang.Abdi gaduh tatanggi urang jawa (Blora) jadi tukang runtah kitu, tapi janten bandarna, tuh di Cipatat gunung digaleuh kanggo gudang runtah, modalna akrab sareng pemulung di Bandung. Anjeuna alhamdulillah tiasa kagaleuh bumi, kendaran pribadi sareng Truk2 runtah, nyakolakeun putra-putrina di Univ. Swasta mahal di Bandung,  Kusabab diangken maranehna ulah pilih2, sigah keur liar, tugas pokona mindahkeun ti bumi warga2 ka TPS, milah2 keun. Pangawasan tiasa ku warga setempat, naha bener gawena, getol, asal2an. Sigahna tiasa janten alternatfi usaha beberes masalah.

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sensus pemulung kang. pan meureun ari ukur ngeprakeun pemulung , komo bari dibibita diangkat jadi pagawe pemda mah nu lain pemulung ge ngiluan. lamun tianggalna geus aya data saha wae nu jadi pemulung dibandung, leuwih gampang.
 
maksad kuring kudu dimimitian ti nu miceun runtah pikeun milah2, sangkan gawe pemulung leuwih gampang, lamun geus misah tianggalna. da asana, teu sakabeh runtah garing pemulung resepeun.
 
nu penting ayeuna mah gawe bareng sadaya pihak, ulah silih andelkeun wae. gawean naon wae sakamampuhna. nu ukur bisa sare, nya sare sing beresih ulah ninggalkeun runtah, nu bisa anu nya gawean anu...
 
dh
tukang ngabejaan bulu tuur
On 5/30/06, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sensus naon kang? SP, SUPAS, SUSENAS, SAKERNAS, Sensus Ekonomi, Sesnsus Pertanian, sareng naon deui, Aya teu hubunganana sareng tukang mulung? Kanyataan tukang mulung propesina ngawilah-wilah runtah, ngan anu manehna perlu hungkul anu bakal dipulungan. Karunya maranehna teh sami sareng urang sadaya, upami dipasihan kapercantenan dina widangna, sigahna tiasa langkung munasabah??
Lami-lami oge propesi eta upami kamakmuran urang ngaronjak, tangtos digentos sabagian ku mesin??? jalmi mah janten operatorna. Ayuena bae tukang mulung sigahna rame, sapertos tukang loak maweuh, jalaran kaayaan ekonomi morosot, tapi upami ekonomi majeng, tukang mulung sareng tukang loak teh di jalanan ngirangan tapi ngalih di gedong sigrong, barangna oge disebat barang antik, hargana oge pasti moal recehan. Ngicalna oge ngangge iklan di internet. Padahal loak-loak keneh. Moal tiasa urang ngarobah ekonomi kuwaktos sakedap, salian ti dikawitan kungirangan masalah-masalah anu aralit heula. Falsapahna aya teu jalmi anu ujug2 ageung?Jigahna perkara anu sanesna oge alamiah kitu?ngalangkungan proses.    

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
asik rek sensus euy... :D
tah masalah data jadi masalah di ieu nagri. nagara nu pati wawuh kanu ngaranna data.
 
sapuk ngan, jigana mang, tukang mulung mah teu kedah direken jadi pagawe pemda. cekap we  diajak gawe bareng. perkara misahkeun runtah, leuwih hade lamun dimimitian tinu miceun runtahna ulah ngandelkeun pemulung atawa saha bae.
 
dh
On 5/30/06, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Gampil ah, asal kersa bae, ... tukang mulung dikumpulkeun dibagi tugas nurutkeun daerah sina misahkeun runtah jadi sakurang-kurangna dua kumpulan runtah. 1. Runtah baseuh, (gampil buruk); 2. Runtah garing sapertos: kertas, plastik, logam / kaleng, botol. Jadi tukang mulung teh diangkat jadi padamel Pemda, lumayan ngurangan pangangguran. Tugas padamel kebersiahan anu asalna pemulung tadi ngumpulkeun runtah ti bumi2 warga, disortir sapertos tadi, di TPS. Di dinya Pemda nyayogikeun 2 wadah ageung: kanggo runtah baseuh sareng runtah garing. Tina runtah garing, padamel tadi tiasa nambihan pendapatan kucara ngical ka pabrik daur ulang. Cara ieu sederhana sareng nyiptakeun padamelan kanggo mana-mana pihak. Runtah baseuh tiasa diolah bahan gemuk,kompos, atanapi anu sanesna. Ieu janten tugas PD Kebersihan. Runtah garing jadi sumber bahan baku usaha daur ulang, jadi anu nyandakna tukang rongsokan perusahaan daur ulang.
Beres tah, nyiptakeun lowongan damel. ???  Mangga cobian! 

Diana Pramanik <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Nepangkeun..wasta abdi Diana..nenehna mah Dian atanapi Diana oge
sami wae. Tos sababaraha dinten gabung ka milist tapi bade ngiring
urun rembuk teh...asa parameng..da geuning..sesah..nyerat ku basa
sunda teh. Sim abdi maksakeun weh..da hoyong..silaturahmi ka
sadayana.

Perkawis runtah di Kota Bandung..aya sakedik beja. Pang na dipungut
dua kali bayar teh..kusabab ngalola runtah teh aya dua tahap yaeta
tahap 1 : ti bumi-bumi (rorompok)ka TPS (panampungan sementawis)
dikalola na teh ku RT/RW kumargi tagihan na sok dicandak ka bumi ku
RT/RW.
tahap 2 : ti TPS dugi ka TPA (contona Leuwigajah tea) diangkut ku
PD.Kebersihan (upami kota Bandung mah), pang na kitu teh kusabab
PD.Kebersihan teu acan tiasa ngajangkau dugi ka bumi-bumi,tah eta
beaya na anu sok dipungut upami urang mayar listrik tea...
kumargi eta..masalahna mayar beaya runtah diteumbleuhkeun kana daya
listrik da pamarentah teu acan mendakan carana kumaha ngabebankeun
beaya runtah ka warga sasuai sareng seueurna warga miceun runtah.
Kitu..pamiarsa.. bewara perkawis runtah teh!

Satadina mah pamarentah bade mungut beaya runtah ka warga anu
ageungna sasuai sareng seueurna warga miceun runtah..janten..unggal
bumi/imah tiasa rupi-rupi beayana..tapi da sesah atuh..bade
dilaksanakeun..cobi..emutan..aya..usul??
 

--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com


Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail Beta.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com


Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke