Kabisa kaum birokrat, memang ukur dugi kadinya  MH. Ti keur jaman
Orba keneh, PNS teh sok diparotongan gajihna. Sigana teh kulantaran
ari PNS mah gajihna sumberna sami, jadi gampang motongna. PNS oge
paling gampang ngaturna, dititah naon wae oge OK, kaasup nyoblos
golkar hehehehe. Aya kabupaten di Jabar rek nyieun/ngomean masjid
agung. PNS nu dipotong gajihna. Nu di jakarta boga ide medalkeun
koran, PNS deui nu kudu meser sahamna ( koranna masih medal, duka
dikamanakeun artos PNS nu dipaksa meser sahamna). Bank oge kitu,
waktu ngadirikeun hiji Bank, PNS deui nu ngamodalan. Pokona mah
sagalana dijejelkeun ka PNS.

Aya nu hayang akhlak sae, pek nyieun Perda Syariat Islam. Nu keuna ku
Perda? PNS deui, PNS awewena wajib dicindung .....

Tapi sanajan kitu, PNS tetep narik minat, buktina? unggal taun,
ratusan rewu jalma ngiringan testing hayang jadi PNS ......

Baktos,
WALUYA

--- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> =========
> Gubernur, "Saya Setuju, Rp 10.000/Orang untuk Korban
> Gempa"
> Diusulkan Gaji PNS Dipotong






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke