Waalaikum salam wr. wb...
Hatur nuhun kannggo urun rempugna,
sanes nanaon, upami aya postingan sapertos kitu diponcorkeun ka milis, supados
kauninga ku sakumna para wargi (kajabi anu bau porno, ieu mah langsung dilebetkeun kana wadah runtah).
Saleresna mah ti kamari bade ditalapung, namung masih dipasihan kasempetan kanggo tawakup, namung nya eta kitu geuning teu aya euih-euihna,
nya kapaksa, ditalapung..., tinimbang ngadamel kaributan wae mah.
Pihatur,
ssw
Assalamu'alaikum Wr Wb,
Punten ieu mah kadar saran,
Tangtosna oge Kang Kuncen tiasa langsung noong kinten-kinten posting nu kumaha nu bakal nimbulkeun kaributan teu puguh oge nu bakal nyiptakeun pipaseaeun, komo nu nyigeung-nyigeung SARA mah
atanapi nu make basa jeung kecap-kecap 'belegug' (hapunten) atanapi kecap-kecap nu teu nyakola nu tangtosna oge bakal ngaganggu katentreman ieu rohangan. Panginten teu aya lepatna upami Kang Kuncen langsung bae nakolkeun paluna nalapung posting nu jiga kitu. Langsung 'kartu merah'.
Sakali deui ieu mah kadar saran. Hatur nuhun .
Baktos
Misan .
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

