Ngiring bela sungkawa ku ngantunna Prof. Edi Ekadjati. Diantawis karya ilmiahna anu peryogi dibaca, nyaéta orasi pengukuhan guru besar mantena di Unpad. Dina éta orasi salian ti ngadadarkeun ngeunaan karajaan-karajaan sunda jaman baheula, ogé diguar ngeunaan sajarah sunda kontémporér, diantawisna pergerakan urang sunda dina pertengahan taun lima puluhan, ngadegna negara pasundan (versi Musa Kartalegawa), ssb.  Entragan anyar, peryogi paham kana ieu sajarah sunda taun lima puluhan, margi kusabab éta urang sunda sok dianggap provinsialis, sukuisme jsb. (utamina ku pamaréntahan Orla sareng Orba). Dina éta orasi urang bakal uninga kana istilah "co" sareng "non co" ka pamaréntahan walanda. Kumargi aya anu ngadegkeun nagara Pasundan, urang Sunda dianggap cooparative ka pamarentahan walanda (nagara-nagara sarikat téh, kalebet nagara pasundan kapan hasil tina ayana RIS taun 49 anu diluluguan ku pamaréntahan walanda pingpinan Van Mook). Kukituna samulihna urang sunda tina hijrah ka jogja, sababaraha jabatan penting di tatar sunda dieusian ku jalmi-jalmi anu dianggap "non co" anu kaleresan diantawisna urang jawa. Ninggali kayaan éta, seueur urang sunda anu kasigeung, nya harita, pamuda sunda ngawitan bergerak (utamina urang Bogor). Tokoh-tokohna diantawisna waé: Kang Saikin, Kang Adjam Samsupradja, ssb. Intina teu panuju kana sikep pamarentahan Presiden Sukarno.  Di Bandung nyalira, aya peristiwa anu ngageunjleungkeun, anu disebat persitiwa kavaleri, anu dipingpin ku Bapa Sukandabratamanggala. Sabada kajadian harita, tokoh-tokoh Sunda seueur anu dijebloskeun ka panjara -- tanpa prosés pangadilan.
Salian ti diulas (sakedik) dina orasi Pa Edi Ekadjati, kajantenan éta téh diulas ogé dina buku "Hurip Waras" karya kang Ajip Rosidi. 
Supados langkung écés, aos éta dua buku. Langkungna ti kitu, sugan aya deui urang Sunda anu kersa neuleuman langkung teleb kana éta kajantenan, supados urang uninga lalampahan sajarah, anu diantawisna ngahasilkeun dosa warisan ka entragan anyar urang sunda.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke