Leres nya, di emut ku kuring, bhs sunda teh geuning meni lungguh tur luhur. Kecap basa anu lemesna, kuring anu asli karuhun urang sunda can tiasa ngagunakeun bahasa sunda anu alus, masih keneh acak adut.


S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Teu sawios kang Siddik, malihan mah Nata anu atoh sareng untung ku ayana nu ngalereskeun, cobi lamun teu aya, sigana salamina lepat teras, hatur nuhun .
 
Wassalam
 
Nata
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, June 06, 2006 1:04 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Penjagaan lan Kabisa.....

Waalaikum salam wr. wb.
 
Hatur nuhun upami katampi mah.
Mung bae, punten dihandap aya kecap (kalimat) anu kirang merenah, punten yeuhh..
bade dilereskeun, ".....sim kuring teh isin parada bade ...."
sakedahna :"....sim kuring teh era parada/h bade ....",
leres isin teh lemesna tina era, namung era paradah tos janten hiji kecap, janten kecap era didinya teu peryogi di lemeskeun deui.
Punten, neda agung nya tawakup, sanes gumede, jembar ku pangabisa.
mung kaleresan bae sim abdi terang.
 
Pihatur,
ssw
 
S M Natapradja [EMAIL PROTECTED]
Assalamu'alaikum wr wb
 
   Hatur nuhun ka kang Siddik sareng ka kang Joko anu parantos ngabantos sim kuring dina widang nambihan katiasa
ngagunakeun bahasa Sunda anu leres tur enya weh gening nambihan ari ngiring komentar mah nya.
anu mana biasa na sim kuring teh isin parada bade nimbrung teh da maosan seratan akang2 sareng ceu2 sadayana anu sakitu
sarae  babasaan nana, janten sok minder upami bade masihan komentar teh....hehehehe
  Contona saur kang Siddik, " Pangabisa = Katiasa " eta kecap "Katiasa " teh ti alit oge osok di ucapkeun sareng terang pisan
naha ari kamari wengi nemi teu ka emut alias hilap bin lieur.........hihihihii
  Nuhun kasadayana.
 
Wassalamu'alaikum wr wb
 
Nata
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, June 06, 2006 10:54 AM
Subject: [Urang Sunda] Penjagaan lan Kabisa.....

Manawi aya pulunganeunana :
 
Penjagaan --> asal kecap tina Jaga..., kecap jaga asli basa Sunda, jaman karajaan tos aya jabatan/kalungguhan : Jagabaya, Jagaraksa sareng Jaga-jaga sanesna.
Penjagaan (bhs. Indonesia) tiasa dihartoskeun ; Pangjagaan/pangraksaan
Penjaga = Pangjaga/pangraksa
Menjaga = Ngajaga/ngaping/ngaraksa/ngajaring
Dijaga = Dijaga/diraksa/diaping/dijaring
Namung kecap Jaga (bs. Sunda) aya deui hartos sanesna.
Jaga = waktu nu bakal datang (Nanti/kelak/bhs.Indonesia), contona ;
"Kudu getol ari ibadah, supaya jaga bisa hirup pinuh bagja = Harus rajin ibadah 
 supaya kelak hidup bahagia.  
"Isuk jaganing geto" = Besok atau lusa (bhs.Indonesia)
 
Pangabisa ---> asal kecap Bisa = Tiasa
Pangabisa = (lemes) Katiasa
conto kecap :
Boga pangabisa naon maneh ?? = Gaduh katiasa naon salira ??
 
Cag sakitu we, bilih ngagebay teuing.
 
Pihatur,
ssw
 
S.M Natapradja [EMAIL PROTECTED],com
Penjagaan = Penjagian.......??? Tadina mah bade
nyerat penjagian, naha leres kitu eta teh,  asa teu
srek dina bhs sunda aya penjagian....hihihihi
 
Sareng upami ' Pangabisa ' naon nya lemes na ?
contona : pangabisa di widang olah raga sim kuring
langkung sae ti salira ! " naha leres eta the kitu.?
 
Punten ah ka baraya sadayana pang leres keun, hatur
nuhun
 
Wassalamu'alaikum wr wb
Nata
 



Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda



Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda



Saprudin

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke