Perkawis Turaes, sok emut ka jaman baheula.. lamun di tangkal jambu hareupeun bumi aki geus aya Turaes di sada, eta tandana poe rek maju ka usum Halodo, da geuning dipadesaan mah sarupaning sasatoan teh sok di pake alat bantu jang kahirupan sapopoe..
Contona wae lamun tukang angon meri geus ngagiringkeun meri na ka kandang, terus sakadang meri recok wae disarada tepi ka peuting cenah mah eta tandana isuk panon poe rek kaluar alias poe isuk moal aya hujan...
Terus lamun pasosore aya sariak Layung di belah Kulon.. eta oge sarua tanda isuk moal aya hujan..
Kitu oge Turaes,, lamun geus disada, eta bakal maju ka usum halodo, kuring jeung babaturan sok geus siap siap nyarieun langlayangan , da sapoe jeput bakal seubeuh maen langlayangan moal ka ganggu ku hujan..
Aya deui kapercayaan di di sabudeureun tutugan galunggung... lamun ngadenge sora manuk puyuh peuting peuting di belah wetan,, ceuk cenah mah bakal kadatangan bangsat ti belah kulon...oge sabalikna lamun ngadenge sora manuk puyuh ti belah kaler, bangsatna aya di belah kidul...
Hiji deui.. lamun aya hayam di sadana salah mangsa.. eta teh tandana aya Parawan cendol teu di kalapaan alias gundal gendol teu aya bapaan.. he..he
punten ah baraya.. ulah dinggap leres. ieu mah ngan kuring keur mulangkeun panineungan ka lemah sarakan, anu kungsi hirup matuh di lembur kakasih...
 
tatan
   
-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of kumincir
Sent: Tuesday, June 13, 2006 8:20 AM
To: Kusnet; Kisunda; barayasunda; [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] [w] turaés

Turaés
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas basa Sunda

Turaés taunan Tibicen linnei
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Filum: Artropoda
Kelas: Insékta
Ordo: Hemiptera
Subordo: Auchenorrhyncha
Infraordo: Cicadomorpha
Superfamili: Cicadoidea
Famili: Cicadidae
Westwood, 1840
Genera: loba

Turaés nujul ka sababaraha serangga ti ordo Hemiptera, subordo Auchenorrhyncha, dina superfamili Cicadoidea, nu panonna leutik jeung pajauh sarta jangjang tembus ténjo (transparan). Turaés hirup di wewengkon iklim sedeng jeung tropis, kawentar ku sorana anu nongtoréng.

Taksonomi
Aya rébuan spésiés turaés, nu disusun kana dua famili: Tettigarctidae jeung Cicadidae. Spésiés Tettigarctidae nu hirup kénéh aya dua: hiji di Australia Kidul, hiji deui di Tasmania. Famili Cicadidae dibagi kana subfamili Tettigadinae, Cicadinae jeung Tibicininae, nu kabéhanana aya di sakuliah dunya, iwal Antartika.

Spésiés turaés di Amérika Kalér lolobana kaasup genus Tibicen—turaés taunan, tapi nu paling dipikanyaho mah genus Magicicada. Turaés ieu mah daur hirupna téh panjang pisan (13 atawa 17 taun), sarta mucunghul dina jumlah anu mahabu. Spésiés Amérika lianna, di antarana Turaés Apacé (Diceroprocta apache).

Di Selandia Anyar, turaésna kabagi kana 38 spésiés ti 5 genera, nu kabéhanana éndemik Selandia Anyar jeung kapuloan sabudeureunana (Kapuloan Norfolk, Kalédonia Anyar).

Deskripsi
Turaés sawawa panjangna 2 - 5 cm, najan di Malaysia mah aya Pomponia imperatoria nu panjangna nepi ka 15 cm. Panon turaés mah pajauh, nonjol di sisi kénca-katuhu huluna, anténeuna pondok, aya di antara/hareupeun panonna, sedengkeun jangjang hareupna mémbranan. Di wewengkon nu tiris, turaés bisa manaskeun awakna sorangan, sedengkeun di daérah sagara keusik nu panas bisa nurunkeun hawa awakna (ku cara ngésangan manéh).

Turaés jalu boga tymbal, sumber sorana nu nongtoréng, dina sisi handap abdoménna. Sorana téh lain stridulasi sakumaha dina jangkrik (nu ngaluarkeun sora tina gésékan jangjang luarna): tymbal téh bagian éksoskeleton nu dirobah jadi mémbran kompléks nu ngandung mémbran ipis. Mémbran ieu digeterkeun gancang pisan ku otot anu kuat, nu lajeng dirésonansikeun ku rongga nu diturunkeun tina trahéa, sahingga sorana narikan. Aya turaés nu sorana bisa ngaleuwihan 106 dB (SPL), pangtarikna ti antara serangga nu ngaluarkeun sora.

    * Sora turaés (file info)
          o Sora turaés di Lower Hutt, Selandia Anyar, dirékam tengah Pébruari 2006
          o Teu kaluar sorana? Mangga lenyepan pitulung média.

Daur hirup
Sanggeus jalangan, bikangna bakal nyelapkeun endogna dina sela-sela kai. Nalika megar, bilatungna bakal ragrag kana taneuh pikeun ngamimitian daur hirup lianna, nu katelah kuuk. Daur hirup turaés bisa nepi ka 2-5 taun, malah sababaraha spésiés mah aya nu bisa leuwih (daur hirup Magicicada bisa nepi ka 13-17 taun). Daur hirup nu panjang ieu mangrupakeun adaptasi pikeun nyingkahan prédasi, sangkan pola hirupna teu luyu jeung daur hirup turaés. Nu ahéng téh yén angka 13 jeung 17 téh angka prima; turaés nu daur hirupna 15 taun bisa dimangsa ku prédator nu daur hirupna tilu atawa lima taun. Tina mangsa hirup nu sakitu lilana, turaés téh lolobana aya dina bentuk kuuk, nu hirup na jero taneuh (30 cm nepi ka 2,5 méter.

Sanggeus nincak kana mangsana, ieu kuuk bakal kaluar tina taneuh sarta naék kana tatangkalan di deukeutna. Di dinya kuuk lajeng bakal asup kana hambalan hirupna anu panungtung salaku turaés sawawa.

Sumber rujukan
    * Cicada, Wikipédia édisi basa Inggris (12 Juni 2006)

Tumbu kaluar
    * Annual Cicada Tibicen linnei - diagnostic large format photographs
    * Annual Cicada Tibicen canicularis - large format diagnostic photos
    * Cicada and forest mulch
    * Cicadas pictures nembrakkeun fakta & gambar turaés katut paripolahna, daur hirup, jeung daharna.
    * Cicada Mania ngabogaan warta, NLD, tumbu, gambar, jeung vidéo ngeunaan turaés.
    * Audio files of the "songs" of some Cicadas from Florida.
    * Cicada Life Cycle loka nu ngadadarkeun daur hirup turaés kalawan lengkep.

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Turaés"

Kategori: Serangga

--
sikandar
kumincir.blogspot.com
kumincir.multiply.com
blog.boleh.com/kumincir
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke