Hatur nuhun kang Im kana koreksina,, muhun bade nyebatkeun sato janten satu...
nambihan deui, upami urang bade ngala madu nyiruan, uapmi sieun di seureud.. sateuacana di gosok heula ku daun Hui pananganana, tah di jamin lah upami panangan  tos di gosok ku daun Hui.. eta nyiruan bakal nyingkah, tingggal we sayangna..
 
-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of kang_boim
Sent: Wednesday, June 14, 2006 10:40 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Re: Sarupaning satu ( Sato) anu sok nyeureud

Kang Tatan,
punten ngalereskeun sakedik, nu dimaksad sanes "Satu" tapi sato
panginten...hehhehe.(lepat ngetik nya...)
sim abdi oge boga pangalaman pernah diseureud ku tiwuan, harita basa
keur ngarit (baheula di lembur)babaturan iseng maledogan sayang tiwuan
anu ngaburayot dina tangkal kamenteng nepi ka muragna, atuh tiwuan
mani rabeng ngudag sakur jalma nu aya kuring teu kaburu nyumput da
rewas tea. Atuh tiwuan ngudag kuring sok sanajan geus nyempod kana
dapuran cau, orokaya bujur jeung sirah bagean tukang teu kahalangan
ngan jeletot tiwuan teh nyeureud kana sirah jeung bujur mani karasa
peurih jeung panas kana awak...., ngan hing bae ceurik teu ngingetkeun
kaeraharita langsung balik tiheula sok sanajan jukut can beubeunangan
oge...(saparat bari nginghak ceurik....)
hehehe....

"kkbm'69"
-sok hayang seuri sorangan lamun inget lalampahan mangsa keur di lembur.

| Unsubscribe

.

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Reply via email to