wilujeng enjing bade ka siangnakeun,
ayi mangga nyanggakeun nimu hiji yeuh ti babakan, manawi keresa ngaos sareng
ulah bete wae atuh...
pami bete engke dikintun anu matak ngahahah deui lah...
wilujeng siap-siap moro tuang siang anu raos heheheh

salam,
emme

----- Original Message -----
From: "kang_boim" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Wednesday, June 14, 2006 9:17 AM
Subject: [Urang Sunda] Jiwa nu Stress...!!!


> Assalamu'alaikum wr, wb.
> Baraya....,
> di Badung salian digareuwahkeun ku beja runtah anu minuhan kota jeung
> sabudeureunana, sababaraha poe kaliwat tug nepi kapoe ayeuna geus
> geunjleng deui wae ku beja ayana saurang indung anu tega nandasa tilu
> anak kandungna sorangan.
> Masyaa Allah...!
> eta kecap anu mimiti kaluar ti sikuring antara rasa percaya jeung
> cangcaya pacampur ngajadi hiji, mimitina mah saacan nitenan beja
> saterusna di koran jeung TV nyangka teh yen indung nu tega nandasa
> katilu budakna sorangan ti kulawarga anu basajan (kurang mampu/miskin)
> akibat atawa alatan ku teu kuat nyanghareupan kahirupan anu sakitu
> beratna atawa akibat awewe anu wirang lantaran eta budak anu
> dilahirkeun hasil tina salingkuh.
> Tapi satutasna ngabandungan beja anu terus-terusan boh dina koran
> atawa dina media sejena, sihoreng teu kasebut kulawarga anu disebut
> diluhur tapi kaasup hiji kulawarga anu harmonis taat kana papagon
> jeungparenta agama, pinter jeung bisa disebut kulawarga anu sakinah
> sok sanajan cenah ceuk ujaring beja eta kulawarga teh jarang natangga.
> Beu...! geuning ari gogoda syetan anu kuat mah teu mandang bulu jeung
> kadudukan jalma sok sanajan katempona ku urang eta jalma teh asup
> jalma anu taat kana papagon jeung parentah agama. Geuning ari jiwa
> jeung pikiranana keur kosong mah panggoda syetan bisa ngelehkeun kaimanna.
>  Tapi boa di satukangeun eta aya hiji pasoalananu ku urang teu katempo
> atawa teu kanyahoan yen eta kulawarga teh keur nyanghareupan masalah
> nu gede...wallahualam....
> Ieu kajadian bisa dijadikeun pepeling pikeun urang sakabeh sangkan
> salilana waspada jeung ulah kendat ibadah ka Allah ku jalan
> ngalaksanakeun parentahna jeung ngajauhan laranganana. Insya Allah
> lamunurang salawasna deukeut jeung manteNa (Allah Swt), Allah baris
> salilana ngaping jeung ngajaring urang sakabeh.
> Jeung lamun aya pasoalan di rumah tangga sabisa-bisa urang kudu
> terbuka jeung silih elingan sok sanajan ukur jeung lingkungan
> kulawarga (ulah disidem) sabisa-bisa urang kudu menta bongbolongan
> tinu ngarti jeung netral komo deui ari jeung kolot sorangan mah kudu
> pisan dipenta nasehatna pikeun nyanghareupan eta masalah. Tapi saupama
> ieu masalah masih bisa dibereskeu ku urang (antara salaki jeung
> pamajikan) leuwih hade koncina ulah saruana tapi kud aya nu ngelehan
> ulah hayang meunang sorangan alias egois...
>
> Cag...ah, nuhu. (punten bisi aya hal anu kirang merenah)
>
> "kkbm'69"
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
You can search right from your browser? It's easy and it's free.  See how.
http://us.click.yahoo.com/_7bhrC/NGxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke