Lebah/ Nyiruan anu kaasup kana kelas insekta , tina 20.000 spesies nyiruan, ngan nyiruan madu anu ngasilkeun kadaharan anu bisa dimanfaatkeun ku manusa kayaning royal jelli, madu, malam jeung pollen. Rata-rata hirupna myiruan mangrupakeun koloni anu sakoloni na kira-kira 20.000 anggahota, anu ngajadi dina 3 kasta, nyaeta, nyiruan Ratu anu nagsilkeun endog unggal poe 2.000 endog sapoena, atawa 200.000 endog dina sausum ngendog, nyiruan pagawe anu tugasna neangan kadaharan jenung ngarawat endog jeung orok, oge nyiruan Jalu anu tugasna ngan ukur ngawin ratu. Nyiruan mangrupakeun mahluk sosial anu tumuwuh smapurna (highly developed society).  Odèng jeung nyiruan eta kabehanan nana kaasup kana nyiruan madu, di tatar sunda lamun nyebut nyiruan eta teh nunjuk ka nyiruan madu spesies Apis cerana indica/ Apis cerana javonica (saterusna disebut wae nyiruan). Nyiruan iyeu boga kamampuan nyasuaikeun diri anu hade jeung kaayaan usum satempat oge kana pasarit tungau (sundana naon nya?) Varroa, anu biasana ngaruksak larva ngakibatkeun larva burung teu jadi nyiruan. Aya oge nu sebut di Teuweul (Apis florea) teuweul iyeu mangrupakeun nyiruan madu anu pang leutikna ukuran awakna diantara nyiruan madu anu sejenna, anu hirupna babarian pindah lamun kaayaan suhu (sundana?) sabundeureunana robah, tapi pindah sayangna teh sok tara jauh-jauh, ngan nyinglaran kakeunaan cahya panonoe.

Odeng lamun ceuk basa taksonomina mah disebut Apis Dorsata/ labiriosa,  spesies iyeu anu pang badagna dianatara nyiruan madu, ngan urang bisa nimu iyeu spesies teh ukur di daerah sub-tropis jeung tropis asia, kayaning di Indonesia, Filiphina jeung pulo-pulo lainna. Di Indonesia loba sebutan jang Apis dorsata iyeu :tawong gong (jawa), tawong odeng (sunda), labah gadang, labah gantuang, labah kabau, labah jawi (Sumatera Barat), harinuan (Tapanuli), wani (kab,. Manggarai) sedengkeun dina basa inggrisna mah disebut giant honey bee .

Èngang, lain kaasup kana nyiruan madu, biasaan manehna mah hirupna nyorangan nyieun sayang sok ngagantung dina dahan atawa dina tatangkalan, anu wandana saperti kendi tibalik, biasana sok nyeureud lamun diganggu.

 

Rata-rata nyiruan kabeuh boga panyereud mangrupa alat ajang ngabelaan koloni, lamu urnag ngadeukeutan sayang nyiruan omat ulah make babauan atawa bau awakna, sabab nyiruan mah seukeut pangambeuna, bisi dianggapna eta eth musuh anu antukna urang nbakal diserang tur di seured ku nyiruan eta.

Sakitu heula panginten ngeunaan perkawis nyiruan, kin pami salse urang pedar deui  madu, royal jelly sareng pollen tur kasiatna.

Hapunten bilih aya basa, seratan  teu merenah sareng teu sapagodos dina angen angen wargi sadaya.
Hatur nuhun,

baktos,

 

ikmal

 

note: sumber diropea tina buku Ilmu Ternak Lebah Madu kenging DTH Sihombing (dosen di IPB bogor).

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Reply via email to