Kang Aa,
Stress teh ceunah mah alatan loba teuing pikiran, tungtungna otak 
teh jadi teu bisa mikir, tuluy "hang".
Nyundutan hate, jelegur we sok jadi emosian. nu matak stress teh 
sok nimbulkeun panyakit darah tinggi oge, sok gampang ambek.
teu kaopan.

Ubar stress teh rupa-rupa. Mun stressna alatan pusing ku pagawean,
nya mendingan cuti heula sabulan mah. Mun boga keneh lembur, nya
mendingan mudik heula ka lembur. Niiskeun pikir, ngajauhan telpon, 
internet jeung mopohokeun beungeut bos anu pikasebeleun.
Ku cara nguseup ti isuk nepi ka sore, ulin ka babaturan, komo mun
nganjang ka urut kabogoh mah. Nepi ka 'fresh' deui.

Mun stressna ku sakola, nya sarua deuih, jauhan heula sakolana.
cuti we sataun mah...hi hi..

Mun stressna di imah, nya sawatara mah cicing we heula di imah batur..
eh...ulah ketang, mendingan ge nya ....pakansi we...liburan....
Jadi...pokona mah  ku cara samentara mah ngajauhan sumber stress....

Aya deui, miceun stress teh ku jalan seuseurian. Da ceunah ceuk batur,
seuri teh ngarupakeun hiji obat. Nya minimal pikeun nu nyeri huntu, 
lamun manehna geus bisa seuri, hartina manehna geus sehat. 
mung kahade we, tong seuri sosoranganan, komo tengah peuting mah.
(bab ngeunaan seuri mangga toong di : http://ndoell.multiply.com)

Nu leuwih alus jeung leuwih ideal mah ...
ku cara leuwih ngadeukeutan Allah, ku cara leuwih rajin ibadah, 
leuwih loba zikir. Masrahkeun sagala pasualan ka Allah....
Susu ganan hate jadi tengtrem, pikiran jadi herang, tur meunang
jalan kaluar tina sagala pasualan....

mun ku cara diluhur masih keneh stress, nya wayahna we sing
sabar...heu heu...

Punten, ieu mah sanes mapatahan nodong ka garong
pedah we abdi ge mindeng katarajang stress teh
itung-itung babagi dongeng...


-dul-
tukang teuing

--- In urangsunda@yahoogroups.com, AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya...
>   Dina danget ieu sikuring sakapeung katarajang strees, komo mun 
ujian teu lulus-lulus
>   padahal isuk beurang jeung peuting buku diapalkeun. Kitu deui mun 
poho nyimpen konci mobil ,diteangan ka unggal juru weleh teu 
kapanggih nu tungtungna sok rungsing. Conto liana nu padahal mah teu 
kudu rungsing nyaeta mun beuteung geus lapar balik ngantor, muru ka 
imah di tengah jalan macet jam-jaman, mobil teu maju pedah macet 
padahal mesin jalan terus, bengsin mahal. Rek ngambek ka saha ?
>   Komo mun keur ngumbah mobil butut katoong aya tapak ngagores ku 
paku. Beu si atah adol, bari jeung keuheul .Di kantor oge di 
sakola 'overloaded' ku pagawean. Kitu deui sual awak sikuring nu 
beuki dieu teh beuki badag (overweight) alias ukuran M (munding) 
padahal olaharaga dilakonan unggal poe Minggu isuk-isuk pleus geus 
mang bulan-bulan porsi dikurangan.
>   Tetela yen karungsing jeung kariweuh teh nimbulkeun stress nu 
ngarugikeun kasehatan mental jeung fisik...........Ah sugan aya 
ubarna ti baraya Kusnet.
>   Hatur nuhun .
>    
>   Baktos
>   Misan .
> 
>  __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com
>







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get to your groups with one click. Know instantly when new email arrives
http://us.click.yahoo.com/.7bhrC/MGxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke