1. ceurik rambisak : rambisak sok dilarapkeun ka kaluarna cipanon, meureun ceurik rambisak mah ceurik bari dibaturan kaluarna cipanon, heu heu heu aya teu ceurik tanpa cipanon?

asana mah euweuh istilah ceurik rambisak, aya oge rambisak doank. Rambisak teh nunjukkeun kaayaan panon nu baseuh ku cipanon, bisa alatan urut ceurik, bisa oge alatan kagagas, boh bungah atawa sedih.
Conto:
* Barang sup ka tengah imah, na meja geus aya rambisak tilu hulu. Teuing saha nu ngalana... Eh, eta mah markisa ketang...
* Barang sup ka tengah imah, kasampak adi kuring keur diuk bari tungkul. Ana ditelek-telek teh panonna bet markisa... Eh, rambisak...
  1. ceurik eurih-euriheun : wanda ceurik lamun kanyeunyeurian, ceurikna jiga nu embung deuih, dipeugeug teu budal kabeh. biasana dibarengan ku turun naekna taktak.
Nu ieu oge teu aya, sa sakaterang mah aya oge eueuriheun. Duka naon patalina jeung eurih, tapi ceurik model kieu mah ditandaan ku ceurik bebeakan alatan kanyenyerian/kapeurih hate; ceurikna, mun make stopwoch mah, bisa kana dua jam-an). Sadana: "huaaaaaa.... wawawaw.... huaaaaa.... wawawaw..." Hihihih...
Conto:
* Eta mah Si Juho, pira ge ditinggalkeun kawin ku kabogoh, ceurikna mani eueuriheun. Ngerakeun pisan!
  1. ceurik ngabangingik : wanda ceurik lamun sedih, sorana "ngik-ngikan" (laun, leutik tapi atra kadengena)
ceurik ngabangingik mah balukar rasa sedih, tapi awewe mah bisa wae ujug2 ngabangingik tanpa sabab. Lalaki oge bisa ujug2 ceurik model kieu, mun bae eta lalaki keur kareseban. Biasana nu ceurik ngabangingik mah sok bari nyorangan, di kamar misalna, tara di hareupeun batur. Peta kitu teh kusabab anu jadi bahan piceurikeunana lain hal anu beurat pisan. Malah, kadang nu ceurik teh euweuh bungkeuleukanana. Hiyyy.... Sadana: "heu...eu..eu..eu...ngik... ngik... heu...eu..eu..eu...ngik... ngik..."

 

  1. ségruk ceurik/ ceurik nyégruk : segruk mah asana kecap panganteur tina ceurik, jiga ber keur lumpat






















kecap "segruk" mah kecap panganteur pikeun nu mitambeyan ceurik.
Conto: Barang jol lanceukna, Nyi Sophia jol segruk bae ceurik...
  1. ceurik ngageuri :wanda ceurik lamun sedih ditinggalkeun ku nu dipikanyaah

ceurik ngageuri mah sarua jeung ceurik eueuriheun, alatan teu bisa nahan kasedih anu pohara.
  1. ceurik gagauran : wanda ceurik bari gogorowokan, atawa gegerewekan, atawa gagarawakan henteu guguruwukan, gigiriwikan jeung geugeureuweukan mah.

ceurik gagauran mah ceurikna maung atuh, Kang Ikmal...
Sadana: "Huaaa.... Huaaa.... Gaurrrr.... Gaurrrr...."
  1. dareuda : nyarita anca sora ngageleter semu peura/ parau (indonesa) biasana sangges ceurik... atawa keur sedih.

enya, dareuda (dumareuda) mah sora omongan nu dibarung/kasedek ku rasa sedih/kagagas. Mun hoyong uninga kumaha sora nu nyarita bari dareuda, mangga dangukeun pami Pa Ayip Rosidi nuju cacarios.
  1. eur-eur : (nembe ngadangu) janten nya teu apal

eur-eur... sigana ieu mah ceurik khas buatan Parungkuda...
  1. jénger : sorana leutik tapi tarik, ampir jiga sora turaes.

kakara ngadenge deuih. anu tarik sorana mah disebut dengér, tapi da lain dilarapkeun pikeun nu ceurik...
  1. imut kanjut : imut siga nu embung imut, juru biwir teu melengkung sampurna tapi kariput jiga kanjut ha ha ha ha ampir jiga keom

mun dina basa malayu mah senyum dikulum tea lah... teu disada
  1. imut ngagelényu : imut nu pangalusna, imut nu ihlas....

emh... ieu nu keur neangan nu imutna ngagelenyu... teu disada
  1. keom : imut bari semu era

keom: seuri ditahan alatan rada era, teu disada, da kaburu ditahan
  1. seuri ngagalakgak/ ngagakgak : seuri ngahahah/sorana tarik

seuri anu dileupaskeun, baham calangap, sora leupas kawas buta. Sadana: "Huahahahahah... huahahahah..."
Conto: Barang nempo musuhna mabur sakalumpat lampet, sakadang buta seuri mani ngagakgak... "Heheh... Heheh..." cenah.
  1. seuri mawur : seuri campur sedih

asana mah lain mawur, tapi maur, seuri tapi bari ngemu kahariwang.
  1. seuri konéng : seuri era

sarua jeung keom, tapi seuri koneng mah katempo huntu... teu soraan
  1. nyéréngéh : sahandapeun seuri, teu soraan, saluhureun imut (imut nu katingali huntu)

mirip jeung seuri koneng, tapi ieu mah tanpa rasa era. sarua deuih katembong huntuna. soraan saeutik semu ngaheheh...
 
aya deui ngabelehem jeung leweh, naon tah hartina?



ngabelehem teh kawas keom, tapi disada. Sorana: "Belehem belehem... Belehem belehem..."

leweh
= ceurik

----
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke