Sampurasun, Lur
Punten ah kuring rek ngaguar pangalaman sababaraha taun ka tukang, nu aya patula patalina jeung Nagara Sunda Nusantara. Hiji poe, keur ereng-erengan, datang lalaki ka kantor kuring. Umurna kira-kira 50 taunan, pangawakanana rada leutik, kulit bodas, geus huisan. Manehna mamawa map warna beureum nu geus rada kucel.
Gancangna carita, si tamu teh terus ngocoblak ngeunaan kasundaan, kaasup pasualan karajaan Sunda di Nusantara. Cenah ceuk manehna, wilayah karajaan Sunda nepi ka ayeuna teh aya keneh secara hukum mah. Sabab euweuh pernyataan atau fakta nu nyebutkeun wilayah karajaan ieu ditalukeun ku kumpeni atau NKRI.
Legana mah, cenah, bisa kaukur ku ngaran-ngaran saperti Selat Sunda atawa Kepulauan Sunda Besar jeung Sunda Kecil dina peta.
Malah nepi ka ayeuna masih keneh aya katurunan karajaan Sunda nu miara wasiat, kabiasaan2, jeung sagala rupa nu nyangkut karajaan. Ngan lantaran alesan kaamanan, eta
pewaris karajaan teh can bisa laluasa muncul di tengah masyarakat.
Padumukanana mah di Bogor. "Mun bapak bade ka ditu mah, hayu ku abdi dianteur. Mung kedah rerencepan pisan. Margi mun kapendak ku aparat mah tangtos eta katurunan raja teh ditewak," ceuk si tamu.
Malah mah, keur disusun gugatan hukum ka pamarentah Indonesia. Materi gugatanana, pamarentah RI dituduh geus nyaplok wilayah karajaan Sunda. Aya dua pilihan nu rek diajukeun: mulangkeun deui sakabeh wilayah karajaan, atawa mere ganti rugi nu satimpal ka para pewaris kerajaan. Manehna nempokeun sababaraha lambar kertas nu eusina gugatan ka pamarentah RI tea.
Saterusna, si tamu nempokeun satumpuk dokumen nu aya segelan, kertasna alus. Cenah eta teh dokumen mertelakeun pakaya karajaan Sunda nu disimpen di bank-bank Swiss, mangrupa emas batangan. Oge aya dokumen nu mertelakeun soal pewaris karajaan Sunda tea.
Tapi basa kuring rek motokopi atawa nyalin eta dokumen,
ku manenhna dilarang. Malah mah eta dokumen gancang diasupkeun deui kana map beureum. Ceuk manehna, teu perlu ditulis sagala. Nu penting mah papanggih heula bae jeung katurunan karajaan di Bogor. Engke bisa ngobrol, wawancara sapuasna.
Tapi ajakan si tamu ku kuring teu ditedunan. Sababaraha kali manehna nelpon. Tapi kuring tetep hoream indit. Ceuk pipikiran, ieu mah jijeunan wungkul. Hayang ngaramekuen wungkul.
Tah eta pangalaman teh asa kaguar deui, waktu aya rame-rame soal Sunda Nusantara tea. Sababaraha urang pan ditewakan ku aparat. Naha obrolan si tamu teh sarua kitu jeung konsep "Sunda Nusantara"? Wallahu 'alam.
Wassalam
ESS
Yahoo! Sports Fantasy Football 06 - Go with the leader. Start your league today! __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.