Haturan, Kang Brad sareng balaréa ti suklakna ti siklukna...

Aya "irisan" ("intersection") antawis "kabungbulengan" sareng "kapéngpéongan" teh, nyaéta dina perkawis "kabetrik asih kapanah asmara". Nanging, asana mah, teu aya anu kapéngpéongan ku nomer buntut atanapai kapengpeongan dikantun pupus ku nu janten carogé. (Ieu oge bari mapatkeun élmu Kang Dudi: manawi jeung sugan téa... Punten ah, Kang Dudi... kuring niron yeuh...)

Ari nyebat "carogé" teh sok emut kana banyol, ngageuhgeuykeun urang wétan (banyol, silih poyok, bari seuseurian....) Ku sabab Ki SIlah téh hayang nyaritakeun ku basa lemes yén bojona ngalahirkeun, ari pok téh: "Pun bojo parantos ngalahirkeun, anakna carogé" (maksudna mah tangtos lalaki atanapi pameget). Aya deui nu sanés, kieu geura:
(1) Di Bandung hujanna teh loték, ari di Garut mah badak (makud Ki Silah: loték->leutik, badak->badag)
(2) Matakna upami budak abdi nuju ulén ulah sok ngaduketan (maksud Ki Silah: ulén->ulin, ngaduketan->ngadeukeutan)

Saleresna mah aya hiji deui, ngan rada por por lah... Sieun kacerek ku UU APP...

Punten ah ka Ki Silah ti wétan.

Aeh, Kang Brad, kapikumaha ka Brad Pitt? 

Baktos,
AJ


brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten Apih, kang AJ,
 
Benten teu,  kecap kabungbulengan sami sareng kapengpeongan? Upami ninggal waleran ti kang AJkusnet sigana kubakat bogoh pisan janten poekeun..., bogoh paeh lah...eh eta mah tina cinta mati atuh nya? hehe
 
Naha bet lumpat kana kabungbulengan nya padahal pan anu digunemcaturkeun kabiruyungan? Sugan we kabiruyungan aya anu haat masihan bongbolongan ka abdi, keun we disebat bodo oge nu penting alewoh. 
 
Salami ieu abdi nganggap kecap kapengpeongan leuwih rongkah (darajat poekeunana!) tibatan kabungbulengan duka tah leres henteuna atanapi tibalik?
 
Contona upami ,"Kang Asep kabungbulengan ku neng geulis ", darajatna nembe nangkeup tuur dijuru, upami parantos kapengpeongan mah salian nangkeup tuur dijuru teh bari sura seuri sorangan kadang-kadang melak cau, aya nungaliwat langsung nangkod!...hehe. Anyir...geus stadium 13 ieu mah? Har...naha ka aing!, ceuk kang Asep. Punten pan ieu mah conto namina oge, kenging atuh! Kaci pan! hehe deui
 
Nyungken bongbolonganana ah ti sepuh sareng baraya sadaya!
 
 
baktos,
 
brad
Kang, punten eta siku kana angen, eungap yeuh!
 
 

Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan, Apih...

Upami teu lepat mah "kabiruyungan" sareng "kabungbulengan" teh bénten pisan hartosna téh. Kecap "kabiruyungan" biasana ngantét sareng kecap "meunang bagja" (malah sakapeung mah sareng kecap "kagunturan madu"). Contona: tiasa tepang sareng anu lami kapidangdam (sakumaha anu dicontokeun ku Apih), janten juara, ssté.

Nanging "kabubungbulengan" mah hartosna téh "poékeun"  (lupa diri, Ind.). Contona sapertos Néng Nia kabungbulengan ku Jang Sapri (di dieu sababna teh "memendam rindu"), Mang Lamsijan kebungbulengan ku nomer buntut, Bi Asih kabungbulengan dikantun pupus ku carogéna.

Manawi, kitu oge Pih...

Baktos,
AJ

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikum salam wr. wb.
Punten ngawalerna sabulangbentor yeuh...., ma'lum teu gaduh referensi nanaon teu kamus teu pabetekan
mung saaya-aya anu nempel dina emutan anu tos ampir pinuh memorina.
Kabiruyungan memang ampir sami sareng kabungbulengan...
bentenna kabungbulengan ku jalmi anyar/nembe tepang.
kabiruyungan : kabungbulengan ku jalmi anu tos wanoh lami.
kabiruyungan = sono anu liwat saking.
 
Punten upami lepat........., nyuhunkeun tulung pang lereskeun...
 
ssw
 
 
Assalaamu'alaykum wr.wb,
Punten baraya, abdi teh bade tumaros. Numawi aya nu terang, hartosna kecap "kabiruyungan".
Abdi teh nuju ngadangukeun .mp3 na bu Hetty, ari pek teh aya lirik:
"duh engkang, abdi kabiruyungan".
Naha hartosna teh sami sareng "kabungbulengan"?
Hatur nuhun kana bantosanna.
wassalam,
Apri


YAHOO! GROUPS LINKS






Do you Yahoo!?
Next-gen email? Have it all with the all-new Yahoo! Mail Beta.


Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke