Sayaktosna sok kitu, Teh Roro... Geus asa dina tungtung letah, na da asa ku hese ngedalkeunana...

AJ mah sanes MJ... Ieu mah Asep Juarna... Tebih keneh atuh sim kuring teh kana maqam Mang Jamal mah...

AJ

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Edasss…Cep Endud mah, Rohmah janten Eroh…tapi ketang tipada Roro maksa jadi Error (lepat/ruksak?) kalahkan tambih kacau! Hihih…
 
Haturan Kang AJ (ieu teh MJ?).….
Aeh, muhun maksad teh “nenehna” kamari he love, meuni tikerung-kerung wae milarian kecap etateh...janten weh “landihan” heheh. Nuhun Kang, dilereskeun…
 
Abdi ge sok bingung ari baham basa lomana sungut? Euleuh, pami lepat teh ...mangkaningan abdi sok nganggo kecap eta na dongeng. Da sakaterang abdi mah sok sering ngadangu baham/lisan = sungut (loma). Salian ti eta sok ngadangu nu nuju ngambek kacida nganggo kecap “cungur, cungap, bangus …”
Contona,"Cungur sia teh sing baleg!" ...heheh kasar pisan eta mah nya?!
 
ro2
nunujudiajarbasasunda
 
>>> [EMAIL PROTECTED] 06/21/06 04:56PM >>>

Eh, lain, ari basa lomana "baham" teh naon nya? Maenya "sungut" mah? (Nyambung soal baham, basa lemesna "heuay" teh cenah "patebih waos"... Asa ku teungteuingeun... Padahal mah pan "angob"...)

Kanggo Teh Roro (Haturan Tétéh...) Langkung hébring upami nganggo kecap "nénéhna" ti batan "landihan", salajengna "etamah" ulah dikantétkeun nya, dina kalimah Teh Roro anu ieu: "...da etamah landihan tina Rosma..."

Cag ah, bisi loba teuing salahna... (Mapatkeun élmu Kang Dudi-na masih léléngkah halu yeuh...)

AJ
 
 
 
On 6/21/06, Dudi Herlianto wrote:



Ieu nami si euceu roro ge oge rosma -> ros -> E ros. jigana mah nami wanoja sunda nu diluhur ge nenehna tina nami nu saestuna. jiga neng E roh mungkon wae nami saleresna mah Neng Rohmah...

heu heu heu meureun kitu ge, peryogi panalungtikan nu langkung jero deui...

dh


Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke