Urang Cikoneng teh harebat. Cobi, bus anu jurusan Banjar-Jakarta seueur pisan di Cikoneng. Anu gaduh perusahaan bus di Jakarta oge geuning Pak Haji ti Cikoneng. Cikoneng hebat euy.

Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang manAR ari tatangga Ciamis teh aya pan anu katelahna Cikoneng. Tah mungkin aya oge anu ngagorowok siga kieu meureun, entong kahade entong  ngarinum diditu ayeuna mah da caina koneng loba taeun ngarambang heu heu heu.

WAG

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ciamis.

Ngaran ieu wewengkon anu nyajarah (mensejarah, dumasar sajarah)
sakuduna "Galuh", lain "Ciamis". Ti mimiti diwangunna karajaan (salaku
representasi tina kabudayaan, pamarentahan, masyarakat, jst alam
harita) ngaran ieu wewengkon teh taya lian ti "Galuh". "Galuh" anu
hartina, diantarana, mataholang, atawa inten.

Ceuk sakaol, mimiti dingaranan "ciamis" asal usulna kieu: nalika anu
digarawe keur ngawangun ibukota (kota ciamis ayeuna), teuing jaman
bupati anu mana (poho deui, bubuhan sumberna tina bacaan saliwat dina
koran), aya anu manggihan sungapan cai. Keur meujeuhna cape, hanaan
jeung panas moreret, manggihan cai anu sakitu herang ngagenyas,
langsung diuyup. Munasabah lamun karasana eta cai teh amis lir
digulaan. Nya ribut anu tos ngarot cai teh pating corowok: "Ciamis,
ciamis, ciamis....!!!. Nelah wae ti harita eta kota diaranan "ciamis".

Nyimpang sakeudeung. Ieu asal-usul ngaran rada sarimbag jeung
asal-usul ngaran kota "garut". Nyaeta, nalika anu keur digawe nyieun
ibu kota garut kakarut (kabared, katojos) ku cucuk-cucuk tatangkalan
sarupa areuy. Tina istilah "kakarut, kakarut", jadi "kagarut" jadi
"garut".

Balik deui ka ngaran ciamis, nilik tina asal-usul ngaranna, estuning
teu "fundamental", teu visioner, jeung teu pakait kana sajarah, kajaba
"sajarah" manggihan cai anu nalika diinum karasana amis. Beda jeung
istilah "galuh" anu mawa falsafah, sajarah jeung cita-cita luhur.
Sigana, dina lebah dieu aya kapentingan pangjajah oge (Walanda,
Mataram, oge anu sejenana) pikeun milihi jeung ngaabadikeun "ciamis"
tinimbang "galuh".

Beda atuh. Ari ukur "ciamis" mah moal matak ngagedurkeun sumanget
ngalawan pangjajah. Beda jeung "galuh", lamun talajak anu ngajajah
geus nincak hulu ajen-inajen anu aya dina jero "galuh", saha wae anu
ngarasa mibanda "galuh" baris gancang ngalawan nepi ka barontakna. Ku
ngaran "ciamis" wae, masih loba urang Ciamis jeung sakumna Tatar Sunda
anu ngalawan pangjajah. Geus komo deui lamun ngaran "galuh" anu
dipake.

Rupina sakitu anu tiasa kapihatur.

Hatur salam,
manAR
(dilahirkeun jeung nepi ka umur 15 taunan di Galuh beulah kaler)

On 6/22/06, evi puspitasari <[EMAIL PROTECTED]co.id> wrote:
> punten ah,,abi teh bade tumaros,,hoyong terang sajarah ciamis,,
> leres kitu abdi teh urang ciamis, tapi da geuning teu terang sajarahna
> kunaon geuning pangna dinamian ciamis,,
> ari ditaros ku batur mah sok ngaku we pedah jalmina maranis hehe,,,tapi da
> panasaran ti mana ciamis teh,,kitu,,,
> bilih aya nu terang,,,anu bade rada ngadongeng oge wios lah,,nu penting
> mah rada caang kitu...hehe,,
> hatur nuhun ah,,
> mangga,,,,
>
>
> ---------------------------------
> Apakah Anda Yahoo!?
> Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
>

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Want to be your own boss? Learn how on Yahoo! Small Business. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke