Nambahan Ki,

Ari dina pupuh Magatru, rumpaka anu bener teh sigana mah "Kopo Rongga Cisondari", lain "Kopo reujeung Cisondari". "Rongga" teh hiji wilayah Kabupaten Bandung sakumaha katingal dina website-na (http://gerbang.jabar.go.id/kabbandung/index.php?index=15&idartikel=2, pada/paragraph ka 18)

"Boleh jadi, daerah Priangan di luar Wilayah Kabupaten Sumedang, Parakanmuncang, Sukapura dan Galuh, yang semula merupakan wilayah Tatar Ukur (Ukur Sasanga) pada masa pemerintahan Dipati Ukur, merupakan wilayah administrative Kabupaten Bandung waktu itu. Bila dugaan ini benar, maka Kabupaten Bandung dengan ibukota Krapyak, wilayahnya mencakup daerah Timbanganten, Gandasoli, Adiarsa, Cabangbungin, Banjaran, Cipeujeuh, Majalaya, Cisondari, Rongga, Kopo, Ujungberung dan lain-lain, termasuk daerah Kuripan, Sagaraherang dan Tanahmedang."

Ari "
Sukuna pakepit tilu" sigana bener kitu, matak lengkahna teu bisa gancang.

AJ

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jigana kiwari teu pati loba nu biasa ngagunakeun kecap
"ragok" dina paguneman sapopoe, boh dina tulisan kitu
deui wangkongan. Eta kecap teh mangrupa kecap anteuran
pikeun ngagambarkeun sora jelema loba nu naranya. Aya
sababaraha kecap anteuran sejen nu ampir sarua
hartina, diantarana "rageg" jeung "ragot",
masing-masing pikeun ngagambarkeun sora anjing loba nu
ngagogog jeung ngagambarkeun jalma gelut, pasea atawa
sawala.

Manggihan kecap "ragok" teh teu kahaja sabenerna mah,
pedah eta we kaingetan ku Kang Santosa, Kang Oman
jeung Kang AJ, nu madungdengkeun lirik Pupuh 17 tea.
Tadi isuk-isuk pangangguran ngaregepkeun deui
galindengna Durma, pedah aya dua padalisan nu can
kaudag naon kekecapanana. Utamana dina bagian lirik
tandak atawa panambihna. Munggaran ditranskripsi jiga
kieu:

Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut *)
Nagri sadayana *)
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah

Dua kalimah nu ditandaan *) ngahaja dicirian, sabab
panasaran keneh, can manggihan kecap "tuyuk" jeung
"ragut". Tah tadi isuk-isuk nu kabandungan teh geuning
lain, kecap "dituyuk" teh geuning dedengean teh jadi
"dipoyok". Sababaraha kali diulang sorana, enya asa
leuwih cocok "dipoyok". Kulantaran panasaran, terus
neangan kecap "ragut" na KUBS, lebeng teu manggih,
ngan manggih kecap "ragok" tea. Jadi sementara dua
kalimah nu ditandaan *) unina jadi kieu:

...
Najan dipoyok diragok *)
Nagri sadayana *)
...

Upama ninggal kana konteksna, sarta wirahma kecapna,
enya asa leuwih murwakanti nu ayeuna.

Tah ka baraya sejenna, upama aya waktu mangga koreksi
bagian sejenna, utamana nu ditulis beureum. Carana
gampil pisan: download lagu mp3 sareng lirik pdf-na,
teras regepkeun dangdingna, akurkeun sareng seratan
hasil transkripsi nu aya. Keun nu di situsna mah,
engke we urang rautan sakalian.

Salam,
MH

=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Want to be your own boss? Learn how on Yahoo! Small Business. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke