|
Heu heu...maksud hati ngajemput bola orokaya
balna kaburu dikerewek ku ingeu nugroho. Tenang we ceu roro
sapanjang janur can melengkung, sapanjang can kareungeu
haleuangna nu nyawer, kasempetan masih terbuka, ngan kudu rido di pur 1/2 ku
ingeu nugroho he he. Mung ngomongkeun gosip mania, badis we jeung nu gelo
bal, pek we padahal rebun rebun keneh tas nongton kassel, beak
kassel disambung ku insert,kasak kusuk jeung silet, padahal gosipna eta eta
keneh. Sarua jeung nu gelo bal, peutingna lalajo siaran langsung, teu keudeu
isukna lalajo deui siaran ulangna. Ceuk pakar pergosipan, teu kabeh artis
rido digosipkeun komo geus nyangkut ka masalah pribadi mah, contona
basa kasus parto anu nepikeun kanotoskeun palapon palanet holiwud
ku becengna,bakating ku keuheul masalah pribadina diusik, tapi
sagedengeun ti eta aya oge artis anu ngahaja nyieun gosip sorangan
sangkan ngadongkrak popularitasna.
Ah ieu mah etang etang ngareuah reuah ceu roro anu
keur kabungbulengan, urang ngagosip yu! ( yu ya yuuu!)
Aya dua urang aki aki keur uplek ngobrol diluhur
galengan sawah, ari sugan teh keur ngobrolkeun harga gemuk anu ngawang ngawang
atawa nyaritakeun ni'matna udud bako mole, ari sihoreng teh geuning kawas
kieu.
"Dewek mah karunya ka alda euy mobilna kacilakaan!"
ceuk aki sarkowi
"Enya, mangkaning mobilna meunang nginjem ti
bosna!"tempas aki sukinta
"Mangkukna, gita kdi nu kacilakaan teh!"sambung aki
sarkowi
"Heueuh inget ka si gita teh,basa keur pinal
kdi,nepikeun ka sms bebeakan dewek mah!" aki sukinta nyoreang
katukang
"Sarua dewek ge, naha ayeuna ingeteun ka dewek
kitu?" aki sarkowi geer
"Ah mun panggih, paling paling nyebut siapa sih
loh?"tembal aki sukinta cangcaya
"Lain euy, ari ayeuna asa loba teuing artis nu
pepegatan!" aki sarkowi nyingcet ka masalah sejen
"Heueuh kamari ge aya artis anu karek nanyakeun
sarat saratna geus der digosipkeun nek pepegatan!"
"Dewek mah ngadenge tamara geus resmi patalak ge,
geus kabarerang akibatna!"
"Har...nya kumaha kitu?"
"Gara garana mah kieu..basa keur siduru dihareupeun
hawu jeung simanehna dewek kaliasan ngomong kieu "yang..dari dulu cinta aki
kepadamu selalu menggebu gebu, tapi entah kenapa semenjak tamara
lalagasan.....can parat acan ngomong geus bletak gagang siwur nyayang dina
hulu, geus kitu kedewuk siwur teh kusinini dilelepkeun kana jero seeng
anu caina keur ngagolak..untung we dewek kaburu ngibrit !"
"Ari dewek mah tibalik euy, jadi cua ka simanehna
teh gara garana kieu, teu hujan teu angin tengah peuting jemplang jempling
sinini ujug ujug ceuceuleuweungan...podolsky sayang!....podolsky sayang!....nya
ku dewek teu antapwarah langsung we ditojer bari nyebut
kieu...sayang sayang podolsia!"
"Heu heu podolsky pamaen jerman tea?"
"Enya nu sok ngasupkeun tea, tah saprak kajadian
eta mun ningali tangkurak sinini teh beungeut dewek sok ngadadak jadi
zambrotta, eh zamotrot ketah!"
**sr**
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|

