Bener...kuring geus maca eta seratan jeung aya dina bukuna naonnya..hilap deui!
Ceuk kuring mah, teu perelu tepang langsung, bisa neuteup jirimna atawa tatanya kanu geus tepung lah keur wawuh ka hiji jelema mah! Komo mun jelemana geus euweuh dikieuna jeung geus lila deuih...ratusan taun. Nya meureun salah sahijina bener eta tatanya (teu kudu kanu geus amprok) atawa maca buku-buku anu medar ngeunaan dirina.
Keur kuring mah leuwih ti cukup ku maca buku kagungan (Alm) mang Ayat, mang Edi, sareng Mang Saleh oge! Rarasaan teh asa sarua carana mun kuring hayang tepung jeung kang Dudi atawa jeung mang Jamal anu masih keneh kumelendang di alam ieu. Naha bisa kitu tepung jeung nu geus maot ratusan taun lilana? Saminya sareng natamu ka presiden, ka prabu siliwangi teh pedah raja oge? Lain siliwangi teh gelar oge? Kumaha mun presidenna "Jang Mulja Pemimpin Besar Revolusi", aya keneh aspina kitu? Rada leuheung
yeuh anu panungtung mah teu beda jauh ngantunkeunana.
Ngeunaan Prabu Siliwangi, kuring mah narima jeung percaya seratan Mang Ayat sareng mang Edi upami teu lepat ngeceskeun yen nu ngagem gelar prabu Siliwangi teh aya duaan ti nagara Galuh sareng ti nagara Sunda (turunan Galuh) sareng asup akal deuih alesanana keur "tingkat" jeung "kapasitas" uteuk kuring.
Keur kuring mah deuih sanajan karuhun urang teu resep tulas-tulis oge tetep we moal ngurangan reueusna. Meureun we da beda jamanna atawa naha da teu sakabeh jelema gede jeung kakoncara nu lain karuhun urang oge teu kabeh resep nuliskeun ngeunaan pancakakina komo deu prestasina....alah kongkorongok wungkul pan komo nu ayeuna mah. Lolobana pan lain manehna sorangan tapi jelema lain, turunanana, anu mikaresepna jeung anu mikangewana.
Safuk euy lah era...heg teh engke ditanya naha cenah batu tulis make dibongkar, naha cenah
kabuyutan eta dijadikeun lapangan golf atawa naha cenah urang jakarta sok nyebut banjir kiriman mun ka keueum ku ciliwung da jaman aing henteu, naha cenah cihandaruan make diganti ngaranna jadi doyan mas atawa kalapa jadi batavia jeung sarewu naha deui.
baktos,
brad
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
rampes kang (punten pami lepat ngaakangkeun),punten yeuh bade ngalempengkeun heula. nu nyerat sanes kuring tapi kang ajip rosidi, da geuning sim kuring mah boro bisa kana surat serat, henteu ge boa.leres upami urang hoyong kenal ka hiji jalmi kedah tepang langsung, teuteup teras taros. atanapi naros ka jalmi nu kantos tepang, komo bari jeung nyuhunkeun potona upami gaduheun. ngan edas ka nu kantos tepang ka jalmi nu urang hoyong kenal sok aya misleukna. komo tataros kanu can kantos tepang mah nya.tah kitu deui panginten upami urang hoyong kenal ka siliwangi. ngan sim kuring mah ngarumaoskeun teu apal jalanna kedah kamana. naroskeun kanu kantos tepang langsung, saha jalmina? palingan panginten naros nu ngelmu permeureunan. kantos tepang dina pangimpenan, meureun. kantos tepang di tempat karomah, meureun. kantos kenging gerentes (harewos), meureun.tiasa oge kenal ti titinggal sajarah siliwangi. tah ieu mah ngantosan ahli sajarah panginten, da ngarumaoskeun deui sim kuring mah sanes ahlina. mun ditingal tina kasauran (seratan) kang ajip mah, cenah buktos sajarah ngeunaan siliwangi teh masih sakeudik, panginten eta teh tangtangan hususna kangge sajarahwan sunda kanggo naranjanganna, sina tembong siliwangi sabeuleugeunjeurna. tong kadingdingan ku mistik wungkul, asana mah mistik mah teu acan diaku janten elmu pangaweruh.sakitu wae panginten, punten ah bisi kabudag kabadug.dhsim kuring alim kedah tepang sareng parabu siliwangi mah, isin. :).On 6/29/06, shinda neng <[EMAIL PROTECTED]> wrote:.![]()
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com
Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

