Cik kumaha mun bongbolanganna ku Kopi....hehehe...Naha cenah bet kana kopi wae. Ieu mah ngalongok tina panalungtikan cenahna mah mun cinta ditolak, cobi ku kopi. Kopi naon we, bade nu kopi wungkul atawa kopi susu. Sugan bae aya untungna kanggo jajaka siga kang dud, atawa jajaka nu mindeng ditolak. Kieu, samemeh ijab ajak heula 1ojana boh ka cafe, ka restoran atawa ka warung trus sina ngaleueut kopi. Emutan/pikiran wanojana sina fokuskeun heula ka soal nu rek dibahas, nyeta maksudna rek ijab tea. Tong seueur ngobrol basa basi. Bisi buyar hasilna. Tah cenah mun wanoja tos ngaleueut cai kopi, kafein nu dikandung tina cai kopi teh bisa ngakibatkeun gampang kabujuk/karayu, moodna jadi sae antukna aya kamungkinan bisa narima ijabna. Sok geura cobian.....aeh tapi tiasa henteu ngajak wanojana ka warungna?? mun teu tiasa mah cai kopina dibekel kana kempis.....heuheuheu Wilujeng nyobian, pami gagal ulah nyalahkeun abdi nya....hehehe
Neng Iva --- In [email protected], brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Oh kitu kutan, janten Cep Dudi teh leumpeuh yuni? Hehe...heureuy atuh! > Eh Cep... leumpeuh yuni teh hartosna borangan ka istri, leutik burih atawa teu kaopan ninggal nu herang-herang gancang hoyong..., nu ieu hayang nu itu hoyong...sakapeung langsung bogoh!...hehe, eh eta mah bengbatan nya? Alah naha jadi pabaliut kieu bahasa indung teh! > > Sakantenan naros...asa aya deui paribasa nu make yuni...sanes yuni sara tapi naonnya...ke ke "miyuni......"? lebeng euy! > > Eh oge Cep, janten upami istri "ijab" tipayun teh kalebet emansipasi? Pan istri mah sanajan nungguan oge boga wewenang ngabalieur! > Jadi kasarna mah "Pameget boga naluri ngungudag, istri gaduh hak 'prerogatif' nolak sapajodogan"! Sami pan..atawa ....? > > Saleresna...keur abdi sorangan bebas-bebas wae, mung naha diurang baheula budayana kitu?...implengan abdi mah langkung condong ka leuwih mupusti(ngahormat) darajat istri. Mung hese pan mun ngajentrekeun "adil" na harti kecap nungguan jeung ngungudag nu dipibanda ku istri sareng pameget jaman kiwari? > > Punten, pasihan bongbolongan ah...ngatog yeuh! > > baktos, > > brad > > > > > > > On 6/27/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: hi hihi.. alhamdulillah simabdi damang, teh mia kumaha?.. > > jigana masalah wani jeung henteu lain masalah awewe jeung lalaki. loba oge geuning lalaki nu leumpeuh yuni, contona sim kuring he he he he... jigana mah masalah budaya wungkul. ti baheula budaya urang mah pan mapatahan awewe teh kudu nungguan. > > ih naha jadi mapatahan ngojay ka meri... caggg aaahhhh > > > dh > > > . > > > > > > > > > > > > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Next-gen email? Have it all with the all-new Yahoo! Mail Beta. > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Something is new at Yahoo! Groups. Check out the enhanced email design. http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

