haratis atanapi kedah naur...
pami naur/ ngagaleuh tiket tea mah .. kasaha?kamana?
atawa langsung bae kitu dongkap ka Dago Tea House...nganggo salam tempel..!!!???
 
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, July 06, 2006 10:00 AM
Subject: [Urang Sunda] Gending Karesmen "RUHAK PAJAJARAN"

Sampurasun
Ka sadaya seke seler urang Sunda, seuweu-siwi SILIWANGI, rerehan PAJAJARAN dihaturanan kanggo sumping ngaluuhan pagelaran gending karesmen/drama swara "RUHAK PAJAJARAN" yasana Rahmatulloh Ading Affandie (RAF) sareng Mang Koko (Alm), karya pamungkas almarhum Mang Koko nu teu kantos dipagelarkan, kabujeng ngantunkeun.
Pagelaran kolosal dipidangkeun ku Keluarga Karawitan Sunda (Palataran Karawitan Ganda Mekar, KOKAR/SMKI/SMKN 10 Bandung). Dupi waktosna ping 15 Juli 2006, tabuh 19.00 WIB di Teater Terbuka Taman Budaya Jawa Barat( Dago Tea House), Jalan Dago Selatan No. 53 A Bandung
Hanjakal upami teu tiasa ngaluuhuan jalaran pagelaran gending karesmen mah arang langka, boa dina sataun mung sakali. Sateuacan pagelaran anu utami, baris dipidangkeun kaulna para inohong, para seniman, sareng karya-karya hasil kajuaraan dina Lomba Kompetensi Siswa SMK tahun 2006.


__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Reply via email to