Sampurasun.......
 
Keun we atuh ari keukeuh-keukeuh teuing hayang ngadegkeun provinsi mah, ngan simkuring mah inget kana dongeng, kawas kieu :

Hiji mangsa Jang Kemod rek nyaba ka Bandung nu ngancik di Buahbatu. Memeh mangkat ka Bandung, dipapagahan ku babaturana :“Engke sanepina di Bandung, ti stanplat beus teh numpak bemo langsung ka jalan buahbatu.”

“Bemo teh naon kang?” Jang Kemod nanya.

“Eta kendaraan gilindingna aya tilu anu hiji dihareup dua deui ditukang, warnana koneng,” Jang Kemod unggeuk tanda ngarti.

Satepina di Bandung sanggeus kaluar ti terminal nyampak aya jelema keur menerkeun jalan make setum, gancang ku manehna disampeurkeun, kalayan super pd :”Bemo!!  ka buahbatu sabaraha?”

“Ieu mah  setum atuh pa, lain bemo” Ceuk supir setum rada bingung.

“Warna koneng roda tilu kieu mah geus jelas bemo make teu ngaku!!”

“Eeeehh naa ari sia!!... ieu mah setum lain bemo!!”

Jang Kemod nyentak bari tipopolotot :“Aaah .. pokona ceuk aing bemo!! ....bemo!!...... hayu ka buahbatu!! ”

 
Wilujeng berprovinsi ria
 
Baktos,
AS
 
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, July 05, 2006 5:50 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] korantempo: cirebon ngotot jadi provinsi

hehehe.....ah teu kitu Kang, upami tos aspirasi rakyat Cirebon teras aya dukungan DPRD Kab/Kota nu bade janten Provinsi, oge didukung ku DPRD Jabar nya tiasa wae diajengkeun ka Pusat. Teras dibahas di DPR, supados janten Undang-Undang. Mangga cobian, mung saurna Pusat ayeuna nuju nyetop heula pemekaran wilayah. Jalaran biayana ageung oge. Kanggo ngadamel Undang-undang, oge biaya sanesna. Teras engke upami tos janten Provinsi, biaya DPRD Provinsi, biaya Gubernur jeung perangkatna. Janten nu kekengingan ti payun mah nya para elit. Rakyat mah nu diatasnamakan, duka iraha tah.
Teu nanaon Indonesia seueur provinsina, nu penting teu jadi seribu negara, heheheh....mun teu kapaksa mah.
 
Baktos,
ika

maman durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oh.... Kutan kituw. Geuning henteu bisa nangtungkeun nasib sorangan, nya. Hartina kudu meunang ijn heula ka urang ciamis, tasik, cianjur, jueng ka rakyat jawa barat nu sejena kaasup bekasi jeung depok.  Hm.....hese sigana mun kitu caranamah. Tapi duka tah mun rakyat cirebona maksa.



On 05/07/06, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Cirebon jadi provinsi atawa lain, teu bisa ditangtukeun ku maranehna sorangan, tapi kudu ku rahayat Jawa Barat.



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke