Enya meureun kitu tea panginten nya, jodo mah teu aya nu apal. 
Ningan eta Teh Roro ge tiasa tepang di pasar sagala sareng si 
Akangna. Komo ngangge disanggap sagala mah basa pas bade gebis.

Tapi nya anggeur weh meureun nya, ari kanyeri mah moal leungit 
sakara-kara, ilang tanpa karana. Kedah aya obatna tea panginten nya. 
Duh.. Teh Neni, mun obatna kedah pameget deui mah sigana can wasa 
ayeuna mah. Sieun kaalaman deui siga kieu. Keun weh ah kuring mah 
rek neangan obat dina puisi. Sugan jeung sugan kapendak.

Nuhun ah kana piduana ka sadayana.
Mudah-mudahan ieu kanyeri tiasa kaubaran enggal-enggal.
Tapi alim enggal teuing ketang, da nembe nyobian ayeuna. Hoyong 
diteuleuman heula minangka dua bulan tilu bulan mah.
Hehehe..

Nuhun ah,

Wasallam,
Sireum.


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Haturan baraya*punten nuju pakepux yeuh*tapi da angger hoyong we 
mairan, maos seratan Kang Yani yen urang teh meh lancar basa Sunda, 
kedah kutrat-kotret sakirangna sakali sadinten*
> 
> Kang Yosep, he love panginten potona murag, abdi mendakanana di 
jarian heheh*
> Muhun Neng Miaw*.urang teh teu kenging kaleleban teuing ku 
kasedih, nyeri ku pameget nyaa landongna ge ku pameget deui*heheh * 
(ih, dasar ieu mah! Punten ah, heureuy*)
> 
> Neng Iva, resepnamah teu pira kedah rajin lumpat enjing2 unggal 
Minggu*jodo mah jorok dimana we mendakna, siga na dongeng ieu*
> 
> Pendakna abdi sareng Kang Parman waktos nuju latihan lumpat di 
Lanud Sulaiman, anjeuna nuju latihan ngapung da ngiringan kana kleub 
FASI (Federasi Aero Sport Indonesia). Basa abdi nuju asyik lumpat, 
aya nu ngolebat bulao di luhureun mastaka*pas ditingali teh,"tring!" 
panon abdi sareng  anjeuna teh paadu. Anjeuna neuteup meuni anteb. 
Dipelong kitu, abdi teras we tungkul*isin campur atoh. Pas ningali 
deui ka luhur*anjeuna bade hiber, tapi teu he love imut heula bari 
metakeun jurus,"Kiceup Akang"*
> 
> Salse lumpat, sakumaha biasa abdi teras ka pasar balanja kanggo 
dinten eta. Jol ka tukang lauk jaer, kaayaan meuni rarujit da aya 
kulah paragi lauk nu caina leber kamana-mendi. Teu disangka-
sangka*soledat! Ampir we ngagebru!*Kolebat! aya nu ngolebat bulao 
tea! Langsung nangkeup abdi, teras dicandak ngapung!
> Kaleresan aya Kang Eddy sareng bojona nuju balanja 
deuih*.kaleresan deui (ih, meuni seueurnya "kaleresan" teh*abong 
dongeng) nyandak alat poto. Rikat ku Kang Eddy langsung 
dipoto, "Jepret!" tuhhhh*tos aya langsung na pail nangkod pan?! 
Hatur nuhun Kang Eddy*.
> 
> Jrut abdi & Kang Parman lungsur di tempat nu rada tiiseun*Meuni 
asa teu pararuguh manah, da ditulungan kunu kasep tur gandang tea*
> Kang Parman: "Neng, teu kunanaon?"* 
> Abdi : "Alhamdulillah, henteu Kang..."
> Sor, anjeuna ngasongkeun panangan bari nyarios,"Nepangkeun 
Suparman, nenehna Parman". Ku abdi ditampi kalayan kabingahan*teras 
naros,"Ke..ke*Akang nuju naon di pasar? Sanes nuju latihan ngapung?"
> "Oh, latihan ngapung mah tos beres Neng*biasa we lah dinten Minggu 
teh sok resep tenga-tengo ka pasar" Saur Kang Parman bari imut.
> "Ari Akang tadi di palihmana, ujug-ujug terang abdi bade geubis?"
> "Ehhh*ari Eneng..pan Akang teh rada palih kuloneun Eneng, nuju 
meser peda di tukang lauk asin"
> Abdi ngahuleng*."Teu nyangka, jajaka kasep kieu meuni kayungyun, 
kabeukina peda*"
> 
> Tah, margi disebat jorok teh, pan pendakna ge di tukang lauk nu 
kaayaanana rarujit*
> Punten ah, ngacaprux*heheh.
> 
> Teh Wida, duh hapunten pisan samudaya kalepatan, pami Teh Nenden 
teu nyarios kenal sareng "si borokokok", abdi mah teu terang *Manawi 
teh bobodoan dikantunkeun ku kabogoh, boro we ku abdi dijantenkeun 
bobodoran. Innalillahi*ngiring prihatin*mugia Teh Wida sing enggal 
ditepangkeun sareng gentosna nu langkung sae, Alloh mah langkung 
uninga*
> 
> Ro2.
> 
> 
> 
> >>> [EMAIL PROTECTED] 07/06/06 11:46AM >>>
> 
> bongana tara dilongokan ku kang ndoel cenah.. hihihihh
> nyeta asa karunya teu tiasa nulungan ka si neng wida teh...
> padahal abdi caket tah sareng si borokokok nateh hihihih
> hampura nya wid, teu tiasa nulungan...
> sok atuh kang ndoell tulungan tah sirem hideung nuju asa katincek 
tincek gajah he he he..
> upami kang ndoell bobogohan sareng pameget mah atuh aya bahan aya 
nu kasaingan di tatanggi sabeulah..
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Great things are happening at Yahoo! Groups.  See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to