Hatur nuhun ceu...katampi ku abdi sareng masihan jalan ngintun artikel oge. Namung duka tah leresan sae henteu na mah, abdi mah resep we da nganggo basa Sunda teu ngartos oge! Hehe
 
Kolotok Mang Gaos dina Kahirupan Sapopoe
(Nineung ka sobat : Agie Nawawi Gaos)
 
  1. Bubuka
Mang Gauss, jenengan anu lengkepna mah Carl Friedrich Gauss dibabarkeun kaping 30 April 1777 di Brunswick, Jerman. Salah sawios dedengkot matematika sareng ilmuwan anu ageung pisan sumbanganana dina sababaraha widang pangaweruh, diantawisna geometri diferensial, geodesi, kemagnetan, astronomi, optik, statistika jeung rea-rea deui.
 
Gaussian Distribution atawa distribusi normal mangrupakeun distribusi tina kajadian-kajadian dina bentuk kurva anu mirip bell, lonceng (Bell Curve). Lamun distribusi normal miboga itungan tengahna (rata-rata) sarua jeung nol jeung itungan nyimpangna (simpangan baku) sarua jeung hiji disebatna Standar Distribusi Normal.
 
Dina waktos ieu pedaran teh moal kana palebah jeroan distribusi normal jeung tetek-bengekna da teu kauteukan, ngan rumasa kapincut ku bell curve jadi ngagebray inget gunung nu munuu tur muncugug! Ras deui kana kolotok...breh weh rupa-rupa pangalaman bareto narembongan deui. Ngilu tumpak munding, ngawuluku, meuncit munding tepika dituduh jadi simpatisan partey nu lambangna munding...mirip munding. Jadi nineung!   
 
Kecap lonceng, bell disaruakeun jeung kolotok, hiji alat nu dijieun ilaharna tina kai sok digantungkeun dina beuheung munding atawa sasaton nu diangon atawa sato kukutan. Nu gunana kurang leuwih sarua, anggap we sarua saheulaanan! Meh rada lancar letah,  Carl Friedrich Gauss salah sawios nu ngaku marajian ieu elmu digentraan Mang Gaos we supados rada lindeuk jeung wanoh dina ceuli urang Garut. Da pangeresana  Doktor Gaos oge urang Garut sami ahli matematik nu ngawulang di ITB, keukeuh kudu tuang wae mun ameng ka bumina padahal kuring mah hayang ngobrol jeung putrina si eneng nu nggange kaca soca kandel tea!       
 
  1. Kolotok Mang Gaos dina Kahirupan Sapopoe
 a.   Nu nanyakeun tagihan telepon
Ceuk beja nu boga telepon imah atawa pelanggan telepon biasa di daerah Jakarta jeung sabudeureunana (Karawang, Purwakarta, Bekasi, Bogor, Tangerang jeung Serang langkung wanoh Divre 2 Jakarta ) jumlahna  dua  jutaan leuwih satuan sambungan layanan (ssl). Saban bulan pangpangna tanggal ngora, salain data di mesin “Informasi Tagihan” diganti ku data bulan anu geus kudu dibayar oge rame ditelepon ku pelanggan nu hayang nyaho jumlah tagihan anu kudu dibayar. Jumlah anu nelepon tara kurang ti dua jutaan malah bisa nepi ka opat jutaan. Numutkeun panalungtikan ebreh yen panglobana anu nelepon teh unggal bulanna rata-rata dina minggu ka hiji jeung ka dua, antara poe ka lima tepi ka poe ka dua welas puncakna teh, ti dinya nu nelepon teh ngurangan deui tepi ka pareum bulan deui. Ngeunaan lobana nu nanyakeun tagihan ngaleuwihan  ti anu boga telepon mah lumrah da sakapeung teu cukup sakali, lobana pausahaan badag nu matuh, bisa oge si ibu nelepon, bapak nanyakeun, barudak iseng sabada dicarekan indungna bobogohan dina telepon,  bujang oge pipilueun deuih jeung rea-rea deui alesanana.
 
Lamun jumlah jamleh nu nelpon dina sabulan dijieun kurvana, sigana gambar nu mirip kolotok Mang Gaos bakal kapimilik. 
 
a.        Mengbal
Dina hiji panalungtikan ngeunaan kaayaan maremana warung sagala aya  manggihan yen saban poe jumaah sore nyedek ka peuting (malem sabtu) nu mareuli barang-barang kaperluan rumah tangga kayaning sabun, susu, gula, kopi, rokok jeung nu lain-lainna ngaronjat lamun dibandingkeun jeung poe-poe sejenna.  Sanggeus ditalungtik leuwih jauh naon laratannana disimpulkeun cenah mah lantaran salian sakalian balik gawe nu isukanana pere biasana ibu-ibu nyeuseuh, beberesih imah jeung ngahagalkeun masak (nyoba resep anyar) keur kaluarga teh rata-rata poe saptu atawa poe ahad. Sedengkeun bapak-bapakna ngahaja meuli atawa pesen gula, kopi jeung rokok keur sasadian bekel lalajo mengbal, nu ilaharna aya malem minggu jeung malem senen dina samingguna (Liga Inggris, Italia, Spanyol jeung Jerman).
 
Kaparengkeun ayeuna keur hajat rongkahna mengbal saalam dunya opat taunan, sigana lobana nu lalajo boh anu langsung ka stadion atawa nu ngaliwatan tivi bisa jadi ngarupakeun nu pang lobana tina sakumna pertandingan atawa kariaan mengbal nu diayakeun disakabeh nagara di dunya ieu! 
 
Lamun dititenan dina saminggu aya tujuh poe atawa dina opat taunan aya karian weudkap sakali, terus dijieun grafik sigana moal jauh-jauh teuing mencong atawa mirip moal ceples mah tina kolotok bogana Mang Gaos!
 
  1. Bulan Rayagung
Geus lain rusiah deui di nagara urang mah cindekna Indonesia mun di bulan Rayagung teh  loba pisan anu raki-rabi atawa nikah. Sepuh-sepuh urang geus ilahar milih bulan ieu keur nikahkeun budak-budakna. Sigana dina duabelas bulan dina satun, bulan Rayagung nu pang lobana jumlah anu nikah. Duka tah alesan kaagamaanana mah ngarumasakeun deet pisan ngeunaan bagbagan agama teh,  tapi urang tarima we yen bulan Rayagung teh hiji bulan nu gede barokahna, salain cenah mah lebaran nu leuwih badag (akbar) tibatan lebaran puasa.  Atawa meureun bulan ieu mah poe-poena alus sapuk jeung itungan sepuh-sepuh urang? Duka teuing…Saumur-umur lebeng teu ngarti itungan poe alus poe goreng teh, nu rajeun nyaho teh poe nu ngeunah we…enya poe peuyeum jeung poe kere daging! Nu kabeneran teh tepungna jeung poe ngeunah teh lolobana dibulan ieu pisan!
 
    4.     Sunnah Rosul
Ti leuleutik geus remen ngadenge teh, ngan ah api-api we teu ngarti. Barina ge leuwih ripuh ngarti mah, satekah polah ngartikeun teh dibatesan ku peuting nu gede barokahna buktina mah nu gampil we loba nu ngaji, wiridan, pangaosan jeung Mang Ajengan beh dituna deuih isukanana pan jumaah-an solat bareng berjamaah tea. Teu kitu ketang ari hate mah tetep we ngadunghel, keun siah keun siah! Mung Aing geus tepi kana waktuna oge…moal maleman jumaah wae unggal peuting aing mah! Digeder! Ditegerkeun! Sakalian nyamalkeun kolotok Mang Gaos! 
 
Rujukan jeung pabukon:
Tina pabukon sejen jeung beja tatalepa


Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, aya artikel sae yeuh...punten teu diSundakeun margi seueur pisan kecap nu sesah, sanes kunanaon bilih lepat...ke siga "Pasar Dadakan janten Pasar Reuwas"...heheh.
 
ro2
 
.  

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke