Waalaikum salam wr. wb...
Alhamdulillah hi robbil alamiinn..
Sadaya puji sareng puja kagungan Allah SWT.
Syukur pisan upami tos damang mah, mugi wae sing saterasna aya dina
kawilujengan sareng kasalametan...Amiinnn....ya robbal alaimiinn..
 
ssw

joko tingkir [EMAIL PROTECTED]
Ass. Wr. WB.
Haturan ka sadayana, ka Neng Iva, Kang Ikmal, Kang
Boim, Ua Siddik, ka sakumna wargi KUSnet, sim kuring
ngahaturkeun nuhun ka pidua saderek sadaya,
alhamdulillah sim kuring tos sehat deui + tos tiasa
lebet damel deui, mung hapunten nembe tiasa ngawaler
ayeuna.
Geus kolot mah panyakit teh meni borongan (4 macem,
darting, maag, tipes + liver saur dokter teh). Gampang
capena masih karasa keneh.
Aya hiji pangalaman waktu di RS (bener-bener
karandapan) soal kerek, caritana kieu :
Jam 01.00 janari, kuring dihudangkeun ku perawat, bari
ngomong pokna : "punten pa, pasen sabeulah kaganggu ke
bapa". Kuring rungah-ringeuh bari jeung bingung, salah
naon jeung lampah naon anu geus digawean ku kuring tug
tepikeun ka ngaganggu batur, bari terus nanya suster :
"emangna kuring salah naon sus ? Pan kuring mah sare,
teu nongton tipi" ceuk kuring bari kerung.
Suster ngawaler deui : "Nyeta sora bapa waktos kulem".
"oh kerek" ceuk kuring teh. "Pan kerek mah lain
kahayang kuring sus, jalma sare mah teu sadar, jadi
ulah nyalahkeun ka kuring. Lamun embung kaganggu batur
atuh titah pindah we ka kelas vip, lantaran di dieu
mah pasti aya kagangguna." Ceuk kuring teh. Tuluy si
suster balik deui ka tempatna.
Teu lila kuring manggil deui suster. Sanggeus suster
datang kuring nanya kieu : "Sster ayeuna kuring kudu
kumaha, naha sare atawa tetep hudang (nyaring)?" Si
suster ngajawab : "punten pa, punten pisan. Tos ayeuna
mah mangga kulem deui cenah.
Terus kurin nembalan : "Lamun kuring sare, ngke
tatangga kaganggu deui, tangtuna ngke diprotes deui
terus dihudangkeun deui. Kuring dirawat di RS ieu teh
pan tujuanna supaya loba istirahat total, diantarana
bisa sare tibra; tapi naha ayeuna kuring ulah sare.
Kamari waktu kuring keur paparahna teu bisa mondok,
sirah rieut nyut-nyutan, kuring teu protes alatan
pasen sabeulah kerek, malah lamun keur nyaring nyetel
tipi terus-terusan. Anu aya di hate kuring saukur doa
: "Ya Alloh, eta jalma ni'mat pisan mondokna, mugia
Anjeun tiasa nyehatkeun deui kuring kalayan tiasa sare
tibra." Ceuk kuring ngomong ka suster.
"Muhun pa, sakalai deui hapunten, abdi tos
ngagugahkeun bapa."
Tepikeun ka jam 03.00 isuk, kuring teu bisa mondok,
terus wae nyileuk, tapi bari ngadedengekeun pasen
sabeulah. Kadenge ku kuring sababaraha kali manehna ge
nyatana kerek, sanajan kerekna teu tarik bari jeung
sakeudeung-sakeudeung.
Liwat jam 03.00 kuring kakara bisa mondok deui deui,
da nu sabeulah oge sarua kerek, jadi boga alesan kuat
lamun manehna protes deui; tapi jam 04.00 kuring geus
ngulisik deui lantaran tos deukeut ka waktu subuh.
Kitu pangalaman kuring gering di RS teh.
Wassalam
Jaka/Ebeng