heu...heu...
nu beuki udud mah biasana ge bisaan ngorong 
eh..ngarang rupa-rupa alesan. 

ceuk cenah oge kieu, 
"nu beuki udud mah moal betah cicing di sawarga téh..."
"naha ?"
"pek wé rék mawa roko ka sawarga mah, tapi rék diseungeut kumaha,
da api-na kudu nyokot heula ka naraka..."

heu heu

-dul-
nu beuki udud


--- In [email protected], "tantan hermansah" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Akina indung kuring, basa terakhir papanggih teh yuswana geus ampir 
saratus
> taun.
> Ku sabab kamamana (maksud teh sadesa kuring) sok mapah, anjeuna 
apaleun di
> mana wae lebah-lebah tiap imah anu aya di ieu lembur. Sok sanajan
> paninggalina tos lamur, tapi teu pikun. Eta we, jalma sadesa 
nambihan boh
> jelemana boh imahna, anjeuna mah apaleun.
> 
> anu pangbungahna mun tepang jeung anjeuna teh pun lanceuk. Pedah 
pun lanceuk
> teh jiga Kang Ndoel, beuki udud. Pun aki teh sok dijadikeun argumen 
ngenaan
> umur. Alesana,
> "Tuh Aki itu ge, tepi ka ayeuna jag jag keneh!" cek lanceuk kuring 
teh.
> 
> dina hiji waktu, saperti biasa pun aki teh diulem ka rorompok. 
Lanceuk
> kuring terus naros bari ngasongkeun Roko Djarum Coklat.
> "Ki, hebat aki mah. Ngaroko bae ti baheula teh kalah panjang 
umur..." ceuk
> ki lanceuk teh.
> "Eh, lain kitu jang. Ngahaja aki mah udud teh. sabab saur pak Kiayi 
di
> masjid unggal subuh, ngaroko teh matak mondokan umur...
> "aki ngaroko terus-terusan teh, sugan we diterehkeun maot. sabab 
ari kudu
> bunuh diri mah palias tur dicaram agama.
> "alhamdulillah. sanggeus remen ngaroko, aki asa beuki deukeut jeung
> ajal...coba mun teu ngaroko, meureun aki nyaingan Nabi Nuh!"
> 
> Kuring duaan cicing bari mesem. Si aki....
> ***
> baktos
> tantan
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> -- 
> tantan hermansah
> www.tantan.coz.in
> 
> "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"--
siliwangi--
>







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Something is new at Yahoo! Groups.  Check out the enhanced email design.
http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke