opat dinten kapengker abdi nongton Film "Fun with Dick
n Jane", eta film teh aktor utamana Jim Carrey, salah
sahiji komedian nu kawentar di Amerika oge dunya,
Eta film teh nyarioskeun hiji pegawai kantoran (Jim
Carrey/Dick tea) perusahaan ageung nyaeta "globodyne"
anu akibat "kaluguanana", anjeuna ngabolekerkeun
Rahasia kejahatan Perusahaan ngaliwatan acara TV. Atuh
akibat cariosan manehna di TV eta, Perusahaan
Globodyne teh ancur,ambruk da kanyahoan yen Globodyne
teh Perusahaan nu kotor, nu pinuh ku "kelicikan"
ekonomi sehingga banyak perusahaan kecil nu ambruk ku
Globodyne teh.
Singket Carita, Si Jim Carrey anu baru diangkat jadi
Vice President of Communication,oge 6000 karyawan
Globodyne liana teu gaduh pekerjaan, malah mah
tabungan , uang pensiun para karyawan teu tiasa
dicandak da Uang eta teh disimpen ku Globodyne dina
Bentuk Saham.
Caritana, si Jim Carrey teh jadi jalma miskin
ngadadak, tepi ka ngajual paralatan rumahna, mobil
anyarna, malah mah tepi ka jadi Maling sagala. Ti
mimiti maling di Supermarket tepi ka BAnk. eta
kajadian teh lain disorang ku Jim Carrey mungkul, tapi
ku 6000 karyawan lainna. Pas jim Carrey nonton TV, aya
babaturan kerjana nu maok Bank oge, jadi bandar judi
Hayam,bandar narkoba jeung sajabana,. Padahal
sakanyaho Jim CArrey kabeh babaturana eta teh jalma nu
bageur pas di perusahaan mah. Nya bakating ku hayang
duit loba deui meureun.
Singket carita deui,si Jim Carrey teh hayang
Ngajebloskeun CEO Globodyne nu matak ngabalukarkeun
eta pErusahaan collaps. Si jim Carrey keuheuleun pisan
ka eta CEO da karyawan nu lian mah Sangsara, naha ari
CEO mah malah enak-enakan liburan, padahal CEO eta nu
kudu na mah dihukum.Nya tungtung na mah, si JimCarrey
bersekongkol jeung CEO nu hijina deui jang ngajebak
eta CEO "kotor". Akhirna ku kecerdikan Jim Carrey oge
istrina katut CEO nu rada "bageur", Jim Carrey
berhasil ngalihkeun seluruh uang tabungan CEO kotor
eta nu disimpen di Bank anu ageungna 400 juta dollar
kanggo uang pensiun 6000 karyawan Globodyne. ti dinya
karyawan globodyne nu miskin ngadadak gaduh deui
artos.
Abdi asa kataji ku Film eta, eta film teh ngandung
pesan moral nu ageung pisan. Sarua pisan jeung kaayaan
Indonesia ayeuna, Ari nu Ngalakukeun Kajahatan jalma
Gede Naha ari nu Katempuhanana Jalma Leutik. Conto
nyata, Karyawan PT. DI atau IPTN kapungkur mah, Sanes
abdi nyalahkeun gegeden DI ku dipecatna karyawan DI,
da abdi ge teu terang saha nu lepat bet PT. DI memPHK
ribuan karyawana. Asa karunya ka Karyawan pT. DI nu
dipecat,komo ningali kondisi Indonesia ayeuna nu hese
pisan nyari peluang kerja teh. Saking ku pusingna pan
Karyawan PT. DI teh bade Long March Ti Bandung Ka
Jakarta.
Tah kitu geuning nya, nasib jalma leutik teh, anu
nyieun resesi ekonomi teh da jalma gede na nu
katempuhan na mah jalma leutik, tepi ka nu aya Busung
Lapar sagala jiga Di Afrika. Ngisinkeun. Lain abdi
ngagogoreng bangsa sorangan da abdi ge ikut goreng
meureunan. Ngan ieu mah bakating ku keuheul we kitu.
Cing atuh nu palinter teh tong hayang beunghar
sorangan,angursi nu palinter teh ngahiji, bekerjasama
ngawangun Indonesia.
Cobi geura tongton eta film, lucu tapi sarat pesan
moral. "Fun With Dick And Jane"
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Check out the new improvements in Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/6pRQfA/fOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/