aya nu benten yeuh ...
 
nu kabaca ku kuring di millist sabeulah (millist IAGI), tibalik, PII menta gaji insinyur indonesia naek 10 x lipet ngarah teu pati jauh ti engineer asing.
 
ngeunaan gaji, di uil kumpeni, biasana lamun pagawe tetep (permanent employee) dibayarna ku mata uang dimana eta parusahaan aya, ngan lamun pagawe kontrak dibayarna ku dollar. malah urang indonesia nu gawe di kalimantan upamana di total, vico, lamun kontrak dibayarna oge ku dollar.
 
di millist sabeulah, mimitina tina masalah gaji pns, ahirna nepi ka masalah dosen anu tos sakola terus post doct, alias teu gancang mulang ka tempat ka asalna, padahal cenah institusina merlukan pisan. tah ceuk kuring ieu mah, naon beda nu post doct di luar, jeung dosen anu "aktif" di pamarentahan atawa sibuk ku proyek luar ? sabab lamun ningali kasempetan keur riset jeung publikasi, jelas keneh nu post doct migawe riset jeung ngahasilkeun publikasi. wallahualam.
 
salam,
budhi
kurono kopo 241
 
 
----- Original Message -----
Sent: Monday, July 10, 2006 11:53 AM
Subject: [Urang Sunda] PII : Insinyur Indonesia lebih murah 10xlipat...beda standar hirup


Ke...ke...ke... Aya sababaraha hal anu kedah
diterangkeun upama ngabandingkeun tanaga asing sareng
tanaga urang Indonesia. Asana teh aya aturanana kunaon
gaji padamel asing benten batan tenaga urang
Indonesia.(infona asana teh milarian ka
Depnakertrans).

Kuring kantos nampi informasi, kunaon tanaga asing
digaji ageung. Anu utama mah tergantung negosiasi
awalna. Maranehanana (tanaga asing) teh, sok nyungkeun
standar jiga digaji dinagarana. Contona, maranehanan
menta tempat cicing (imah)sareng fasilitas sejenna
jiga di nagarana, menta diganti ongkos bulak-balik ka
nagarana, jeung sajabana. Tah ku ayana pamenta kitu,
puguh wae atuh mun dijumlah-jamleh, gajina pasti bakal
leuwih gede batan tanaga urang Indonesia. Tapi upama
tanaga Indonesia menta fasilitas jiga tanaga asing,
atuh puguh wae pausahaan ngarasa beurat.
(duka tah, pangalaman tanaga Indonesia anu damel di
nagara sejen, jiga kang Yosef Hania atawa kang Yaya
Rukayadi), kumaha fasilitas jeung gajina.

Jadi ceuk kuring mah, pernyataan gaji insinyur
Indonesia 10 x lebih rendah batan tanaga asing,
heunteu aya tendensi ngarendahkeun maneh, standar
hirup di Indonesia pikeun urang Indonesia teu tiasa
disejajarkeun sareng standar hirup tanaga asing.

Anu teungteuingan mah "perlakuan" pamarentah Indonesia
ka pagawe negri sipil (PNS), ngan dihargaan
saperduabelas tina gaji anu sakuduna ditarima. (Ceuk
Sarwono Kusuma Atmadja, waktu jadi Menpan). Matakna
pada karorupsi, kaasup korupsi waktu. Kuduna unggal
poe datang (ngajar teu ngajar), tapi ka kampus ari aya
tugas ngajar, sesana? nya nyambi di luar. Atawa
kadang-kadang tugas ngajar diserahkeun ka asisten. Teu
heran lamun aya dosen anu nyongcolang di luar, tapi di
kampus mah ngan sakali dua kali ngajar sasemesterna
teh.

baktos,

mrachmatrawyani


.

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke