Punten ngiring mairan sakedik. Ari janten sekretariat mah teu acan tiasa he...he..keun atuh ngiring ngaramekeunana.
 
Panginten kieu kang ti abi mah, ceuk abi mah teu aya lepatna ti ayeuna pami nyobian anu usul ti kang Budhi (sambil jalan) di jalanan. Komo ayeuna waktos na tos nyerelek kirang langkung 4 bulan, 4 bulan tea pan teu karasa mani sakolepat.
 
Sareng punten, pami tiasa mah tos ti ayeuna dibewarakeun pikeun acara pasanggiri teh kumaha perencanaanana, pelaksanaanana, ngaorganisasikeunana, ngamonitoring sareng ngaevaluasina.
Intina kinten2na saha wae tim anu ngokolakeun ieu kagiatan, da punten, sapertosna anu pakepuk teh sapertosna eta deui eta deui. He...he....(punten ieu mah ngemutan wungkul). Syukur2 upami tos aya mah tim na.
 
Pami tos aya timna pan raos, da tos jelas panginten job2na masing2.
 
Sakitu anu kapihatur, punten bilih aya anu lepat, kirang kangkungna nyuhunkeun di hapunten.
Baktos,
Runa Inawan

 
On 7/14/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Nuhun usulna Kang Budhi,
Eta ge tos kapikiran, tapi eta mah pilihan panungtung.
saumpama urang Kusnet teu aya nu janten ridowan sareng
ridowati. Ieu bae ge, tos wawar nu katilu pan karek aya
nu mairan. Padahal wawar teh ti sabulan kamari.
Teu payu wawar teh, hi hi ...

Kusabab nu ngayakeun kagiatan ieu teh urang Kusnet,
nya dipiharep 'peran serta'na teh ti urang Kusnetna heula.

kituw...

-dul-
tukangteuing

--- In [email protected], "Budhi Setiawan"


<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ieu mah usul ....
>
> pan kusnet teh gaduh pasaka nu aya di mana mendi, kumaha tah lamun
> sekretariat di unggal kabupaten teh di dinya ? alamat kontak tos
aya, kantun
> dikintun surat "kasadiaan", piraku henteu .. heu .. heu ...
>
> ka pun biang tos disaurkeun, ngan teu pati jentre, da kadang dina
talipung
> sok hawar-hawar ..
>
> budhi
> kurono kopo 241
>
>
> ----- Original Message -----
> From: ndoell
> To: [email protected]
> Sent: Friday, July 14, 2006 11:32 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Bewaraaaaaa : HBH & Pasanggiri
(Katilu)
>
>
> Teh Netty dadang ? nuhun ari dagang mah...
> Abdi ge alhamdulillah Nanang...
> heu...heu...
>
> Muhun Teh, anu parantos sayogi teh Kang iim kanggo nampi
> pendaptaran di Bandung, ari kang Deni mah otomatis kedah
> kersa dan acarana pan rencana-na bade diayakeun di Garut.
> Dina teu kersa-na bade dipaksa we...
> heu heu
>
> Mung di wewengkon-wewengkon nu sanesna rada sesah teh.
> Cik atuh baraya, bantuan mikiran ..
>
> -dul-
>
> --- In [email protected], "Nety Martin" <netymartin@>
> wrote:
> >
> > pasti aya apih.........
> > salah sawiosna kang deni tos kersa.
> > hanjakal abdi teu tiasa mantosan.
> >
> >
> > --- In [email protected], Siddik Wiradireja
<cikundul3@>
> > wrote:
> > >
> > > Waalaikum salam wr. wb..
> > > Aya kitu wargi Kusnet anu kersa janten relawan...??
> > > mangga para wargi Kusnet disuhunkeun kasayagianana...
> > > Saha deui atuh anu kersa upami sanes wargi-wargi Kusnet mah.
> > >
> > > ssw
> > >
> > >
> > > ndoell ndoell@
> > > Assalamu'alaikum Wr. Wb.
> > > Baraya Kusnet Sadayana.....
> > > Kieu.....
> > > pan Kusnet teh bada boboran teh rek ngayakeun Halal Bihalal.
> > > enya lila keneh, kira-kira bulan Nopember, tapi pan kudu
> > disiapkeun
> > > ti anggalna keneh, ngarah teu riweuh teuing dina prungna.
> > > HBH teh ngarupakeun Kopdar sataun sakali keur sakabeh anggota
> > > Kusnet. Nu salse mah wayahna kudu ngaluuhan. Nu teu salse,
> > > nya wayahna kudu maksakeun. nu jelas mah, Haratis...
> > > Salian ti acara HBH teh, oge hayang ngayakeun acara
Pasanggiri
> > > (Lomba) ngarang pupuh jeung nembang pupuh sapoe samemeh HBH.
> > > Lomba ngarang ieu mah nya ! sanes lomba ngorong !
> > > Tah, pasanggiri ieu diayakeun keur barudak sakola satingkat
SD
> > jeung
> > > SMP nu aya diwewengkon dimana HBH diayakeun. Direncanakeun
> > > HBH taun ieu teh diayakeun di Cibatu Garut. Tapi pamilon /
> peserta
> > > ti wewengkon sejen ge bakal ditarima mun rek daptar mah,
> > > asal masih keneh di wilayah Jawa barat.
> > > Ngeunaan pasanggiri ieu, awal bulan Agustus rek dibewarakeun
di
> > > media massa sarupaning PR, mangle, cupumanik, galura jeung
> > > sajabana. Tah kukituna, maksudna mah menta tulung ka sadaya
> > > anggota Kusnet atawa barayana anggota Kusnet anu salse di
lembur
> > > anu daek katempatan jadi sekretariat, meh peserta teh teu
kudu
> > > jauh-jauh teuing daptarna.
> > > Tugasna ngan saukur narima pendaptaran, ngeusian formulir,
> > > narima pupuh hasil karangan peserta, tuluy diinformasikeun ka
> > > sekretariat pusat. Formulirna mah ke dikirimkeun ka alamat
> > > sekretariatna sewang-sewangan.
> > > Alamat-alamat sekretariat eta teh baris dibewarakeun sakalian
> dina
> > > media masa tea.
> > > Kusabab Pasanggirina diayakeun di Garut, keur sakola-sakola
nu
> aya
> > > diwewengkon Garut mah, bakal dikiriman uleman ka sakolana
> > sewang2an.
> > > Cik, anu rido janten sekretariat atawa gaduh baraya
dilemburna nu
> > > kersa, mangga ngacung !
> > > bari ngintun data lengkep dihandap, kintun ka imel : ndoell@
> > > kalayan nganggo subjek : Sayogi janten Sekretariat.
> > >
Nami :........................................................
> > > Alamat jelas : ..................................... Kode
Pos :
> > >
> >
Kabupaten : ........................................................
> > > No. Telpon /Hape : .........................................
> > > Mangga baraya sadayana, diantos pisan dugi ka kaping 24 JULI
2006.
> > > Wa'alaikum salam Wr. Wb.
> > > Panitia HBH & Pasanggiri
> > > -Ndoell-
> > > enbe : nu nembe ngacung teh Kang Iim wungkul.....
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > http://cikundul3.multiply.com
> > > Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
> > > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
> > >
> >
>




--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke