Deudeuh teuing, basisir paranti kuring ulin, ayeuna keur tunggara. Beu
teuing. Kabayang munggaran ka pangandaran, keur sd keneh pisan. Kana colt.
Rombongan SD sakelas. Dasar urang gunung, nempo laut asa kumaha. Teu aya
pamandangan nu rata kitu di gunung mah.

Nu ngaran piknik, di lembur mah hartina nya ka basisir pangandaran. Utamana
sanggeus lebaran. Loba baraya nu piknik ka dinya make kandaraan saayana. Aya
treuk, colt bak, motor, nya komo mobil pribadi mah. Harita mah apal, mun tas
lebaran aya motor ngabring ngetan, pasti urang bandung rek ka pangandaran.

Keur sma, ka pangandaran ampir dua minggu sakali. Poe saptu pasosore jeung
babaturan. Seringna tara mawa duit loba da euweuh. Saaya-aya. Kabeneran ari
mobil mah aya si Acung, sedan holden buntet. Nu dibawa, beas jeung samak.
Samak paranti sare di basisirna, da hotel mah teu kaduga, beas, diliwet, mun
teu purun dituker jeung kadaharan di warung. 

Di jalan, sareupna, sok nyokot suluh nu di poe batur sisi jalan. Sanes
maling, nyandak teu wawartos. Kadang2 mobil kolot eta sok mogok. Atuh
didorong heula di jalan jauh kamana mendi. Tapi resep we nu aya.

Nepi ka pangandaran rada peuting. Biasana ngadon ngampar samak, maen gapleh
sanggeus nyieun api unggun make suluh ti sisi jalan tea. Ngampar samak teh
di basisir. Make lilin atawa lampu kemping. Perpisahan kelas jaman SMA oge
di pangandaran. Perpisahan jeung wali kelas nu ngalih ka manonjaya, oge di
pangandaran. Asa geus apal lebah-lebahna. Noong foto2 tsunami, nya asa apal
lebah-lebahna eta lokasi.

Gapleh atawa ngobrol bari heureuy satunduhna. Mun tunduh, nya ngagoledag we
di dinya. Dipepende sora ombak peuting2 nu ritmis. Hudang2 beurang, kitu oge
awak haneut kasorot panonpoe. Kitu jeung kitu we unggal ari ulin ka basisir
pangandaran mah. Sakapeun sok panggih atawa ngajak ngobrol bule, praktek
basa inggris. Bari jeung balelol oge da hayang bisa. Kungsi keur gapleh
jeung maen gitar, aya bule inggris gabung mawa anggur orangtua sakeresek.
Mabok sigana mah. Da jadi teu eraan jeung siga nu geus loma. Nginjem gitar.
Terus manehna maen laguna inget keneh, Stairway to heaven. Tunduh, gubrag we
dina samak gigireun nepi ka berang.
 
Ngalaman sare di hotel beh dieu, sanggeus gawe. Munggaran mah asa teu
ngeunah. Da biasa sok ngampar di basisir. Ngan ayeuna mah babaturanana geus
ganti. Beda jeung nu keur sma.

Pangandaran dina novel
Enya, bakat ku asa deukeut kana hate, basisir pangandaran nepi ka bawa kana
novel. Di Rakkaustarina oge Fetussaga, aya carita pangandaran. Di
rakkaustarina mah pangandaran salaku tempat pikeun komtemplasi salah saurang
lalakonna. Ari di Fetussaga mah, leuwih loba caritana. Malah di jero lautna
dicaritakeun aya karaton ratu galura (nyi roro kidul). Terus dipasir
putihna, nyi roro kidul mere pusaka ka jabang bayi ngaliwatan indungna, bari
dikawal ku mang juhe tea, Onom nu maturan jabang bayi.

Ah, basisir pangandaran, mudah2an enggal damang. Utamana baraya urang dinya.
Tempat kuring milu ulin dilemburna.

Nu keur nguyung




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Something is new at Yahoo! Groups.  Check out the enhanced email design.
http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to