Dinten Rebo wengi (malem kemis) sim kuring ditelepon ku Kang Gilang ti Delta FM Bandung, sim kuring diondang sangkan ngiring ngawangkong dina acara Indonesia Siesta, saurna mah kedah nyarioseun hal KUSNet, nya mangga we sim kuring nyanggeman, mangga lah....moal benten sareng....wawancara sanesna.
Acarana Insya Alloh dilaksanakeun dina dinten Jumaah kaping 21 Juli 2006 siang, tabuh 10.00 dugi ka tabuh 11.30, kukituna ka baraya sadayana nu gaduh waktos mangga setel Delta FM Bandung dina frekwensi 94.4 FM, ieu acara di relay ku satsion radio sanesna diantawisna,101.3 FM Simasida Balikpapan,103.5 FM Yudhistira Bandar Lampung, 96 FM Music Channel Banjarmasin, 90.8 FM DB Cirebon, 99.1 FM Delta Jakarta, 99.2 FM Delta Makasar, 102.1 FM Kalimaya Malang, 99.3 FM Delta Manado, 105.8 FM Delta Medan, 105.8 FM SIPP Padang, 97.5 FM Real Radio Palembang, 103.4 FM Clapita Emas Pekanbaru, 100 FM Primadona Pontianak, 105.1 FM Gema Nirwana Samarinda, 96.1 FM FeMale Semarang, 98.1 FM Harmoni Serang, 107.3 Karavan Solo, 96.8 FM Delta Surabaya, 103.7 FM FeMale Yogjakarta, mugi baraya anu aya di kota-kota eta tiasa ngiring ngadangukeun.
Kumargi ieu acara di relay ku satsiun radio di kota sanes tangtos wawancara nganggo basa Indonesia.
Hatur nuhun
 
MSasmita.
 
- eh aya wartos sanesna, sim kuring bade ngiring mamerkeun buku-buku Sunda di Aula Barat ITB gawe bareng sareng Komunitas Lawang Buku (Kang Deni Rachman), ngawitan dinten Jumaah ping 21 Juli 2006 dugi ka kaping 23, pembukaan tabuh 8 enjing-enjing, mung sim kuring mah moal ngiring tunggon margi nuju rada pakepuk ku cicing tea...he he.., bilih bade ningalian mah mangga, aya stand buku sanesna. 
- Dinten Saptu ping 22 Juli 2006 (malem minggu) di rorompok sim kuring bade gaduh gawe bade ngaliwet + ngagoreng jengkol sareng ngepak buku sumbangkeuneun ka Aceh ( gawe bareng sareng Y.Anissa Ind/ Teh Lies Paris), bilih bade mantuan mangga diantos, aya ketah nu bade ngepak buku mah balad-balad ti Komunitas Pasar Buku Suci
 
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke