"KHASIAT LALAB ANTANAN "
Khasiat lalab antanan bisa nyageurkeun panyakit peradangan Paru-paru bisa disebut oge panyakit TBC carana gampil bisa di lalab langsung sareng sambel sapertos biasa sareng sangu aya alusna supados reaksina langkung enggal eta ANTANAN di JUS sareng SUSU murni langkung sae teras wae di eueut terus wae dikonsumsi rutin sadinten dua kali enjing-enjing sareng sonten bade bobo "InsyaAllah damang eta panyawat.

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mh oge baraya sanesna,
geuning seueur mang nya lalab-lalaban rumah-rumahan bongborosan ceuk ni sunda teh. kumaha lamun ditatan ku urang, ari nu ku sim kuring apal mah ukur sakieu:
  1. antanan, biasana diala tina galengan sawah, tangkalna nu ngarambat. cocok pisan dipake coel sambel oncom..
  2. jong he, sambel oncom keneh..
  3. kahitutan, disebut kitu teh sabab bauna sari-sari bau hitut, tapi cek nu resep mah cenah ngeunah. sarua cocok dipake nyoel sambel oncom
  4. pucuk gedang, hejo jeung pait eta ciri utamana jeung tangtuna ngarupakeun daun ngora tangkal gedang. meunang nyepan atawa ngaleob ngeunah dipake nyoel sambel tarasi dadakan. bisa oge didahar atah. komo nu masih ngora pisan mah..
  5. pucuk sampeu, daun ngora tangkal sampeu. nu atah mah cenah ngandung sianida, racun. ngan sangeus di sepan atawa dileob racun eta leungit. cocok jeung sambel tarasi
  6. katuncar. ngaran sarua jeung salah sahiji bungbu dapur sarupa pedes. ngan nu dimaksud didieu mah ngarupakeun jujukutan nu nemprak dina taneuh. bauna has, biasan oge diseupan atawa dileob.
  7. daun katuk. sari amis lamun geus diseupan atawa dileob. cenah alus lamun didahar nu karek ngalahirkeun jeung nyusuan. matak juuh cinyusu.
  8. mamangkokan.
  9. pucuk jambu monyet. kesed biasana di dahar atah. lamun hayang ngurangan paitna pucuk gedang.
  10. pucuk buah. buah mun ceuk urang bogor mah manggah, daun ngorana nu atah oge sok dipake lalab rumbah.
  11. mangga lajengkeun...rada hi lap yeuh..
salam,
dh

On 7/28/06, mh <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:
Baraya,

Perkara lalab, urang lembur apal pisan, tutuwuhan naon
wae nu bisa di lalab. Cenah mah aya kana ampir 40
rupana tutuwuhan liar nu bisa dikosumsi jadi lalab.
Kompilasi 40 rupa lalab rumbah tutuwuhan liar meunang
di sawah di kebon, diseupan dihijikeun, dicoelkeun
kana sambel medok. Mangga geura cobian.



Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke